nyaéta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam From Wikipedia, the free encyclopedia
Pupujian nyaéta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Pupujian asalna tina sa'ir, nyaéta puisi anu asalna tina sastra Arab. Ku lantaran kitu, pupujian mah wangunna euweuh bédana jeung sa'ir, diwangun ku opat padalisan dina sapadana, sarta unggal padalisanna diwangun ku dalapan engang. Tapi sanajan kitu, aya ogé anu diwangun ku dua padalisan, genep padalisan, dalapan padalisan dina sapadana. Purwakanti dina pupujian umumna purwakanti laras wekas.[1] Leuwih jéntréna pupujian téh asal kecapna tina puji nu ngalaman dirajék dwipurwa ditambahan rarangkén tukang -an, nu hartina kecap-kecap atawa ucapan pikeun ngagungkeun nu maha kawasa, lian ti éta aya ogé nu eusina muji ka Rosulluloh Muhammad Saw.[1]
Pupujian biasana dikawihkeun babarengan (rampak) ku para jama'ah bari ngadagoan solat magrib, ku para santri saréngséna ngaji, tiku para jama'ah di pangajian (tablég) bari ngantay sasalaman. Intina mah pupujian téh jadi panyelang dina rupaning ibadah. Nilik kana médiana, pupujian téh hirupna sacara lisan (dikawihkeun), apalna ku pangrungu, mantak pantes wacanana parondok[2].
Sacara gurat badagna mah, pungsi pupujian téh aya anu mibanda fungsi éksprési jeung aya nu mibanda fungsi sosial. Tapi dina kamekaranana, pungsi sosialna leuwih gedé tibatan fungsi éksprésina. Cara maca pupujian téh sok dikawihkeun atawa dinadomkeun. Umumna dibacana téh di masjid saméméh solat jamaah, di madrasah, pasantrén, jeung dina acara-acara anu aya patalina jeung kaislaman.
Dumasar kana eusina, pupujian téh bisa digolongkeun kana sababaraha golongan nyaéta, (1) muji ka Pangéran Alloh, (2) solawat ka Kanjeng Nabi, (3) do'a jeung tobat ka Pangéran, (4) pépéling, jeung (5) ajaran agama.
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.