Kodon

From Wikipedia, the free encyclopedia

Kodon
Remove ads

Kodon (kode genetik) mangrupa dérét nukléotida dina mRNA anu dibentuk ku kombinasi tilu nukléotida anu ngaruntuy tuluy nyandi jadi asam amino nepi ka disebut tripel (tilu runtuyan) kodon.[1][2] Asam amino anu disandikeun téh contona métionin ku runtuyan nukléotida ATG (AUG dina RNA). Loba asam amino anu disandikeun ku sababaraha kodon. [3] Kodon cicing dina molekul mRNA. [4] Robahna mRNA jadi protéin dilakukeun dina ségmén énkoding anu diaping ku kodon awal (AUG) jeung kodon ahir (UAA, UAG atawa UGA). Kodon dina molekul mRNA bisa nyandikeun asam amino dibantuan ku interprétasi kodon ku tRNA. Unggal tRNA mawa asam amino luyu jeung runtuyan tilu nukléotida (antikodon) anu aya dina simpul antikodon tRNA. Antikodon meungkeut dirina sacara kompleméntér kana kodon dina mRNA nepi ka asam amino anu dibawa ku tRNA luyu jeung kodon anu aya dina mRNA. Pesen génétik ditranslasi kodon ku cara tRNA mawa asam amino luyu jeung antikodon anu kompleméntér ku cara kodon jeung ribosom ngadumaniskeun rupa-rua asam amino jdi runtuyan polipéptida. Satuluyna, ribosom nambahkeun asam amino anu dibawa ku tRNA kana tungtung tungtung polipéptida anu keur tumuwuh. Salila translasi, antikodon jaadi basa panglengkep anu dipasangkeun jeung kodon ngaliwatan beungkeutan hidrogén. Ku kituna, unggal kodon ngandung antikodon anu loyog kalawan molekul tRNA anu béda.[5]

Thumb
Kodon jeung protéin anu disandikeun.
Thumb
Pesen RNA.
Remove ads

Kodon mimiti jeung kodon ahir

Thumb
Kodon dina RNA.
  • Kodon awal nyaéta kodon anu ditarjamahkeun dina waktu prosés translasi lumangsung atawa disebut ogé kodon inisiasi (AUG anu nyandian metionin). Salian ti kodon inisiasi, pikeun ngamimitian translasi dibutuhkeun ogé sékuén atawa situs anu disebut Shine-Dalgarno keur ngawanohkeun ribosom anu dibantuan ogé ku faktor inisiasi (dina bentuk tilu wanda protéin).[6]
  • Kodon akhir nyaéta salah sahiji tina tilu kodon UAG, UAA atawa UGA. Kodon akhir disebut ogé kodon terminal anu henteu nyandikeun asam amino. Kodon akhir nyababkeun prosés tarjamahan réngsé anu tujunana keur ngaleupaskeun ribosom.[7]
Remove ads

Mangpaat

Sintésis protéin

Léngkah sintésis protéin nyaéta:

  • ADN nyitak ARNd dina prosés transkripsi anu lumangsung dina jero inti.
  • ARNd kaluar tina inti tuluy ngagabung jeung ribosom dina sitoplasma.
  • Datang ARNt mawa asam amino anu luyu jeung kodon.
  • Ayana patali unggal asam amino nepi ka jadi protéin.[8]

Kodeu genetik mawa informasi ngeunaan runtuyan asam amino anu dibutuhkeun ku protéin. Ieu informasi dibawa ku gén anu tangtu. Papasingan informasi anu nyangkaruk dina kode génétik téh nyaéta dina bentuk panyandian sekuen nukléotida dina DNA atawa RNA keur nangtukeun sekuen asam amino dina waktu prosés sintésis protéin lumangsung. Basa nitrogén nangtukeun informasi dina kode genétik dina rantuyan DNA anu bakal nangtukeun informasi asam amino. [8]

Remove ads

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads