Jayadrata

From Wikipedia, the free encyclopedia

Jayadrata

Jayadrata (Sansekerta: जयद्रथ; Jayadratha) nyaéta salah sahiji inohong dina wiracarita Mahabarata.[1] Manéhna nyaéta hiji raja ti Karajaan Sindhu anu nikah ka Dursala, adi awéwé kurawa.[2] Jayadrata mangrupa inohong penting dina paéhna Abimanyu.[1] Manéhna ngahalangan para ksaatria Pandawa nalika nyalametkeun Abimanyu.[1] Sabab paéhna Abimanyu, Arjuna usaha dék maéhan Jayadrata.[1] Nepi ka dina Bharatayuda poé ka opat belas, Jayadrata gugur ku Arjuna.[1]

Thumb
Rupa wayang kulit Jayadrata

Referensi

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.