Gawir
From Wikipedia, the free encyclopedia
Gawir nyaéta hiji tempat anu lungkawing.[1] Gawir téh aya ku alatan rupa-rupa kajadian géologi kayaning urug, longsor, kabawa cai, jeung sajabana.[2] Ilaharna gawir kapanggih di sisi susukan, basisir laut, jeung gunung.[2]Daérah anu ngagawir ilaharna dina gunung apu, batu, keusik, jeung taneuh sakapeung ogé kapanggih di gunung batu granit atawa basalt. Gawir dina basa Indonésia disebut tebing, basa Inggrisna Cliff.[2]

Gawir bisa waé kapanggih di sisi susukan anu jero tur gurawés alatan urug balas kairid ku cai.[1] Bisa waé aya disisi gunung atawa sisi palataran jero anu misahkeun sawah, kebon, rawa jeung sajabana.[1] Gawir kaayaan rumpil tur netek, hésé ditaékan kajaba maké pakakas paranti naék, ku kituna gawir mah arang langka kasaba ku jalma.[3] Kaayan gawir jadi leuwih tengtrem tur jauh tina gangguan, dimangpaatkeun ku sababaraha rupa manuk pikeun ngancik dina gawir ngadon nyayang tur baranahan kayaning: manuk cukahkeh, walét, Heulang, aya ogé nyiruan, jeung manuk-manuk séjéna.[4][5]
- Gawir batu nu nangtawing
- Gawir apu di Citatah
- Gawir Cadas Gantung Indah di Kuningan
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.