Fibrin

From Wikipedia, the free encyclopedia

Fibrin

Fibrin nyaéta protein anu mangrupa serat-serat jiga benang anu henteu larut dina plasma getih[1]. Fibrin aya dina plasma getih dina prosés pembekuan atawa pangdiglegan getih[1][2]. Fibrin asalna tina fibrinogen anu robah ku sabab aya aktipitas enzim trombin[2][3]. Fibrin teu bisa larut dina protein biasa, tapi bisa dilarutkeun kalawan enzim nu tangtu saperti plasmin jeung pepsin[2]. Saumpama aya karusakan raramat, zat pambeku getih bakal ngeureunkeun perdarahan tuluy ngawangun bekuan getih ngarah perdarahanna eureun.[3]. Benang-benang fibrin anu geus kabentuk bakal silih sambung anu nyababkeun karamatna sel-sel getih beureum jeung plasma keur ngabentuk diglegan getih[1]. Raramat anyar bakal kabentuk ngagantikeun éta diglegan tuluy nutupan raramat anu ruksak[1].

Thumb
Fibrin (warna kasumba geuneuk) dikulilingan ke sel getih beureum dina pambuluh Vena

Referensi

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.