Cécép Burdansyah

From Wikipedia, the free encyclopedia

Cécép Burdansyah

Cécép Burdansyah, lahir di Ciwidéy, 23 Séptémber 1963 mimiti ngarang ti keur di SMP kénéh.[1] Karya-karyana dina périodeuu awal dimuat dina SKM Giwangkara jeung Mingguan Pelajar.[1] saterusna Cécép leuwih kataji ngarang dina basa Sunda, sarta dina batinna geus nawaétu hayang diajar nulis kalawan daria.[1] Carponna anu mimiti, Kaleleban dimuat dina majalah Manglé, waktu Cécép masih kénéh diseragam SMA.[1] Cécép kungsi digawé di perkebunan entéh Patuha satamatna ti SMA; meunang opat taun.[1] Sajeroning jadi kuli kontrak téh Cécép angger nulis carita pondok.[1] Taun 1987 Cécép digawé di Manglé, meunang 10 taun.[1] Undur ti dinya Cécép kungsi ngawartawanan sawatara surat kabar, di antarana majalah Tiras, jeung tabloid Detak.[1] Ayeuna Cécép jadi rédaktur surat kabar Metro Bandung.[1]

Thumb
Cécép Burdansyah (tengah) sastrawan, wartawan jeung Hadi AKS (kénca), sarua papada satrawan, nganjrek di Bandung

Carpon karangan Cécép anu judulna Bilatung dilélér Hadiah Sastra LBSS 1990 jeung tilu carpon lianna.[1]

Cécép resep maca, lain baé karya sastra, Pikeun Cécép, maca téh kagiatan diajar sacara otodidak.[2] Sanajan lulus ti Fakultas Hukum Universitas Islam Nusantara (Uninus), tapi Cécép leuwih loba icikibung dina dunya jurnalistik.[2] Ti taun 2003, kungsi jadi koordinator liputan surat kabar Metro Bandung, malah ayeuna mah geus jadi Pemimpin Redaksi Tribun Jabar.[1] Cécép remen katungkulkeun ku pagaawéanana, tepi ka nalika cuti gé masih kénéh sok ngantor.[1] "Hayang jadi wartawan profésional" pokna mah.

Référénsi

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.