11 Méi
From Wikipedia, the free encyclopedia
11 Méi nyaéta poé ka-131 dina sataun (ka-132 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 234 poé.
| |||||||||||||||||||||||||||||||||||
|
Kajadian
- 1751 – Rumah Sakit Pennsylvania diadegkeun ku Dr. Thomas Bond jeung Benjamin Franklin.
- 1792 – Robert Gray maréntahkeun ékspédisi kahiji ka Leuwi Kolombia.
- 1800 – Ahli ilmu alam Perancis, Jean-Baptiste Lamarck medarkeun kuliah munggaran nu ngébréhkeun téori évolusina di Muséum national d'histoire naturelle di Paris, Perancis.
- 1812 – PM Inggris, Spencer Perceval ditelasan ku John Bellingham di lobi Gedong Parlemén, London. Ironisna turunan duanana jagana bakal kapilih di Parlemén dina waktu nu sarua.
- 1833 – Kapal Lady of the Lake neunggar gunung és di leupas Newfoundland sarta tuluy tilelep, 256 panumpang jeung kru maraot.
- 1846 – Présidén James K. Polk ngajak kana Déklarasi Perang ka Méksiko, ngamimitian Perang Méksiko-Amérika.
- 1858 – Minnesota diaku minangka nagara bagéan AS nu ka-32.
- 1880 – Tujuh jalma palastra dina Tragedi Mussel Slough, dina hiji adu témbakan di California.
- 1891 – Skandal Otsu: Wanci keur nganjang ka Jepang, Pangéran Nicholas (jagana jadi Tsar Nicholas I) salamet tina hiji usaha pamaténian.
- 1943 – Perang Dunia II: Pasukan Amérika nyerang Pulo Attu di Kapuloan Aleutian dina usahana pikeun ngusir pasukan Jepang.
- 1945 – Perang Dunia II: Di leupas basisir Okinawa, pasawat induk AS Bunker Hill ditarajang ku dua kamikaze.
- 1960 – Adolf Eichmann ditéwak ku Mossad di Argéntina.
- 1970 – Tornado Lubbock Taun 1970, di Lubbock, Texas, nelasan 26 jalma sarta ngakibatkeun karusakan saharga $250 juta dollar.
- 1985 – Genep puluh genep panongton maraot sarta leuwih ti 200 lianna taratu nalika Stadion Bardford City kahuruan.
- 1996 – Samiangna ti Miami, seuneu mimiti hurung alatan panyimpenan génerator oksigén kimia nu teu bener di ruang kargo nu Atlanta-bound ValuJet Flight 592 ngakibatkeun pasawat Douglas DC-9 éta murag ka Florida Everglades, nelasan kabéh 110 jalma di sajeroeunna.
- 1997 – Deep Blue, pamaén catur super komputer, ngéléhkeun Garry Kasparov dina tanding ulang pamungkas, jadi komputer munggaran nu ngéléhkeun juara dunia catur dina format laga klasik.
- 1998 – India ngajalankeun tilu uji coba bom atom di sahandapeun taneuh di Pokhran.
- 2010 – David Cameron jadi perdana menteri Inggris.
- 2013 – Lima puluh dua jalma palastra dina hiji pangeboman di Reyhanli, Turki.
- 2014 – Lima belas jalma palastra sarta 46 lianna tatu di Kinshasa dina hiji kakacoan nu diakibatkeun ku gas cipanon nu dialungkeun ku pulisi kana hiji pertandingan bola.
- 2015 – Rékor lelang karya seni: Karya Picasso The Women of Algiers (Vérsi ‘O’) kajual AS$179,3 juta di Christies di New York.
- 2016 – Saratus tilu jalma maraot dina hiji pangeboman ISIL di Baghdad.
- 2019 – Serangan militan ka Hotél Zaver Pearl-Continental, Pakistan, nelasan lima jalma, Tentara Pangbébasan Balochistan ngaku tanggung jawab.
Nu babar
- 1904 – Salvador Dalí, seniman Spanyol (td. 1989)
- 1933 – Louis Farrakhan, pamingpin agama Amérika
- 1963 – Natasha Richardson, artis Inggris
- 1983 – Holly Valance, artis Australia
- 1984 – Andrés Iniesta, pamaén bola Spanyol
- 1992 – Thibaut Courtois, kiper Bélgia
Nu pupus
Poé peré / poé panginget-nginget
Tumbu luar
![]() |
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.