.com nyaéta domain undak luhur anu ngajelaskeun yén nu boga ngaran domain téh minangka organisasi komérsial.[1] Domain com mangrupa salah sahiji domain undak luhur munggaran anu dipaké pikeun Sistem Ngaran Domain Internet.[2] Ieu téh mimitina mah ditojokeun pikeun tujuan komérsial, sanajan euweuh nu ngawatesan kana komersialisasina.[2] Nalika diwanohkeun taun 1985 ku IANA, anu boga tanggung jawab kana koordinasi sakumna manajemen DNS.[2] Domain com nyaéta domain undak luhur anu pangkakoncarana ku leuwih ti 100 yuta registran di sakuliah dunya.[2] Pamundutan pikeun domain com masih reunceum ku sabab jumlah pamaké internét global terus tumuwuh.[2] Domain Com jeung domain undak luhur umum lianna, mimiti dikaluarkeun ku Departemen Tatahanan Amérika Sarikat di handapeun ARPA, anu mimiti dilaksanakeun taun 1985.[2]

Thumb
Logo DotCom

Tanggal 1 Oktober 1991, administrasi domain com jeung sakabéh domain undak luhur lianna ditransfer ka Government Systems, Inc..[2] Taun 1993, NSF jeung NSI asup kana pajangjian gawébareng lima taun, anu ditunjuk NSI minangka hiji-hijina penyayaga padaftaran ngaran domain pikeun .com, .net, jeung .org.[2] Taun 2000, Network Solutions diakuisisi ku Verisign, anu mertahaneun ieu bisnis registri NSI.[2] Verisign téh operator registri domain .com nepi ka kiwari.[2]

Rujukan

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.