![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/9/92/Zirconium_crystal_bar_and_1cm3_cube.jpg/640px-Zirconium_crystal_bar_and_1cm3_cube.jpg&w=640&q=50)
Zirkonium
From Wikipedia, the free encyclopedia
Zirkonium nyaéta hiji unsur kimia dina tabél périodik anu miboga lambang Zr jeung nomor atom 40.[1] Zirkonium mangrupa logam kuat, bisa ditampol, liat, sarta warnana pérak kulawu.[2]
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/9/92/Zirconium_crystal_bar_and_1cm3_cube.jpg/640px-Zirconium_crystal_bar_and_1cm3_cube.jpg)
Sifat kimia jeung fisikana mirip jeung titanium.[2] Zirkonium tahan pisan kana panas jeung tihiangan.[2] Zirkonium leuwih hampang tinimbang waja sarta heurasna mah mirip jeung tambaga.[2] Nalika dina bentuk bubuk, ieu logam bisa sacara spontan hurung di udara, komona mah dina suhu luhur.[2] Zirkonium bubuk warnana hideung sarta dianggap bahaya ku sabab gampang kaduruk.[2] Zirkonium lain mangrupa unsur langka, tapi ku sabab mineralna anu pangumumna, zirkon, tahan pisan kana palapukan, sumebaran ieu unsur jadi kawates.[2] Zirkonium dua kali leuwih ngaleuya tinimbang tambaga jeung séng, sarta 10 kali leuwih ngaleuya tinimbang timbal.[2] Bijih utama zirkonium nyaéta zirkon (ZrSiO4) anu ditambang di Australia, Amérika Sarikat, jeung Sri Lanka, sarta baddeleyite (zirkonium oksida ZrO2) anu ditambang di Brasil.[2]