Vaksin
From Wikipedia, the free encyclopedia
Vaksin nyaéta préparasi nu dipaké pikeun ngaronjatkeun imunitas kana hiji inféksi panyakit. Ieu istilah diturunkeun tina istilah cacar sapina Edward Jenner ("vacca" téh basa Latin nu hartina sapi), nu mun disuntikkeun ka manusa bakal ngajaga manusa tina panyakit cacar. Vaksin téh dumasar kana konsép variolasi nu asalna ti nagara Tiongkok, nyaéta prakprakan népakeun cacar anu watekna lemah. Jenner sadar yén para wanoja anu ngolah susu sapi (jaman baheula di kulon biasana wanoja anu disebut milkmaid) anu katépaan cacar sapi, henteu kabancén ku cacar. Dipakéna vaksin téh disebutna vaksinasi. Vaksinasi mangrupa métode nu paling éféktif jang nyegah tina panyakit nu nular. Vaksinasi efektif keur ngaronjatkeun kawedelan awak, contohna waé tina panyakit bangsar, polio, campakjeung tétanus. Dumasar kana éféktivitasna nu geus dicobaan jeung divérifikasi sacara luas, vaksin nu kaasup geus terbukti éféktif nyaéta saperti vaksin influénza[1], vaksin HPV[2] jeung vaksin cacar air.[3] Organisasi Kaséhatan Dunia (WHO) ngalaporkeun sangkan vaksin nu geus miboga izin ayeuna aya jang dua puluh lima inféksi nu bisa dicegah.[4]