![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/9/9a/Tulip_-_floriade_canberra02.jpg/640px-Tulip_-_floriade_canberra02.jpg&w=640&q=50)
Tulip
Génus tutuwuhan / From Wikipedia, the free encyclopedia
Tulip nyaéta tutuwuhan anu kaasup kana kulawarga Lilicae, ngaran latinna Tulipa. [1] Tulip asalna ti Asia Tengah jeung Asia Barat nyaéta di kawasan Pagunungan Pamir jeung Pagunungan Hindu Kush ogé stepa di Kazakhtan.[1] Kembang tulip kasohor pisan di Walanda, sedeng kembanganna téh di bulan Maret nepi ka April.[2] Ku kituna, Walanda disebut nagri tulip.[2] Tapi mimitina tulip mangrupa kembang nasional di Nagara Iran jeung Turki.[2] Saenyana, tulip téh kaasup kembang nu liar.[2] Masarakat di Nagara Turki, nu munggaran ngabudidayakeun tulip ti awal taun 1000-an, nyaéta nalika masa pamaréntahan kakhalifahan Utsmaniyah.[2] Utamana nalika aya dina kakawasaan Sultan Ahmed III (1703-1730), nepi ka disebut éra kembang tulip.[2] Sedeng asup ka Walanda téh abad ka 16-an.[2] Ngaran tulip ogé asalna tina basa Turki “surban” anu hartina kaén anu dibeulitkeun kana sirah.[2]
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/9/9a/Tulip_-_floriade_canberra02.jpg/640px-Tulip_-_floriade_canberra02.jpg)