![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/2/2e/Ficus_carica_L%252C_1771.jpg/640px-Ficus_carica_L%252C_1771.jpg&w=640&q=50)
Tin
From Wikipedia, the free encyclopedia
Tin nyaéta buah dahareun tina Ficus carica, spésiés tangkal leutik kembangan ti suku Moraceae, pituin Méditerania jeung Asia kulon, dipelak ti jaman kuna nepi ka kiwari sumebar ka sakuliah dunya pikeun diala buahna atawa papaés.[3][4] Ficus carica téh spésiés tipe marga Ficus, ngawengku leuwih ti 800 spésiés tatangkalan tropis jeung sobtropis.
Ficus carica – Tin | |
---|---|
![]() | |
Foliage and fruit drawn in 1771[1] | |
Status konservasi | |
![]() Least Concern (IUCN 3.1) | |
Klasifikasi ilmiah ![]() | |
Karajaan: | Plantae |
Klad: | Angiospermae |
Klad: | Eudicotidae |
Klad: | Rosids |
Ordo: | Rosales |
Kulawarga: | Moraceae |
Génus: | Ficus |
Subgénus: | F. subg. Ficus |
Spésiés: | F. carica |
Ngaran binomial | |
Ficus carica L. | |
Sinonim[2] | |
Synonymy
|
Tangkal tin leutik atawa ngarungkun, jangkungna nepi ka 7–10 m (23–33 ft), kulit kaina bodas lemes. Daunna rubak ngaramo tilu atawa lima. Panjang buahna 3–5 cm (1–2 in) kelir héjo nepi ka bungur atawa coklat, daging buahna beureum amis sikian leutik rangu.
Tin bisa didahar langsung atawa digaringkeun, atawa dijieun salé jeung rupa-rupa olahan bungbuahan. Ngan kusabab segerna teu awét, lolobana dipasarkeun garing atawa olahan.
Taun 2018, produksi sajagat ngahontal 1,14 yuta ton, lolobana ti Turkiyé Jeung nagara-nagara Aprika Kalér (Mesir, Maroko, jeung Aljazair).[5]