Tajwid
From Wikipedia, the free encyclopedia
Tajwīd (تجويد) sacara harfiah miboga ma'na ngaaluskeun atawa ngaéndahkeun.[1] Tajwid asalna tina kecap Jawwada (جوّد-يجوّد-تجويدا) dina basa Arab. Dina élmu Qiraah, tajwid hartina ngaluarkeun huruf tina tempatna kalawan merhatikeun sipat-sipat anu dipibogana. Jadi élmu tajwid nyaéta élmu anu niténan kumaha carana ngedalkeun huruf-huruf anu aya dina kitab suci al-Quran.
Aya ogé pasualan anu diébréhkeun dina ieu élmu nyaéta makharijul huruf (tempat kaluar-asup huruf) [2], shifatul huruf (cara ngedalkeun huruf), ahkamul huruf (hubungan antara huruf), ahkamul maddi wal qasr (panjang jeung pondokna kekedalan), ahkamul waqaf wal ibtida’ (ngamimitian jeung ngeureunkeun bacaan), jeung al-Khat al-Utsmani.
Para ulama yakin yén hukum neuleuman tajwid téh fardhu kifayah, tapi ngamalkeun tajwid waktu maca al-Quran mah fardhu ain atawa wajib ka lalaki jeung awéwé mukallaf atawa nu geus sawawa.