![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/b/b3/Mushola_%255E_Danau_Singkarak_-_panoramio.jpg/640px-Mushola_%255E_Danau_Singkarak_-_panoramio.jpg&w=640&q=50)
Tajug
From Wikipedia, the free encyclopedia
Tajug nyaéta wangunan paranti umat muslim ngalaksanakeun ibadah (solat, ngaji, jeung sajabana), ukuranna leuwih leutik tur basajan tibatan masigit.[1]Utamana di pilemburan, tajug ogé jadi hiji tempat barudak dialajar ngaderes ngaji jeung agama, wanci pasosoré sabada baralik ti sakola.[2]
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/b/b3/Mushola_%5E_Danau_Singkarak_-_panoramio.jpg/640px-Mushola_%5E_Danau_Singkarak_-_panoramio.jpg)
Gedé jeung leutikna tajug teu aya katangtuan, ilahar gedéna tajug disaluyukeun jeung gedé imah-imah anu aya disagigireuna.[3] Umpamana jama'ah éta tajug geus karasa heurin, biasana aya dua kamungkinan. Kahiji, nyieun deui tajug, kaduana ngagedéan deui ukuran tajugna.[3] Di jero tajug ngan aya dua rohangan, rohangan jama'ah jeung paimbaran paranti imam solat.[3]
Di daérah minang mah tajug téh sok dipaké ogé tempat saré lalaki nu geus sawawa anu masih kénéh lalagasan, kabeneran teu boga tempat misah di imah kolotna.[4]
Di daérah Jawa Kulon ogé loba kapanggih masigit jeung tajug, pikeun gambaran waé dina taun 1996 aya kana 21.038 wangunan masigit jeung 655.741 tajug.[5] Tajuk ilaharna kapanggih di pilemburan kalawan dina wangun nu kacida basajanna, malahan ngan bisa dipaké solat ku sababaraha urang wungkul.[5]Tajug téh perenahna di sisi sawah atawa kebon, sisi lembur atawa jalan liliwatan ka kampung séjén.[5] Tajug bisa diwangun ku jalan réréongan atawa ngahaja diwangun ku saurang baé nu mibanda taneuh tempat tajug diwangun.[5]