![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/4/47/SeBlackRed.jpg/640px-SeBlackRed.jpg&w=640&q=50)
Sélénium
From Wikipedia, the free encyclopedia
Sélénium nyaéta hiji unsur kimia dina tabél périodik anu miboga lambang Se jeung nomor atom 34.[1] Aktivitas kimia jeung sifat fisika sélénium nyarupaan sulfur jeung telurium.[rujukan?] Ieu unsur sayaga dina sajumlah bentuk alotropik jeung nu pangpopulérna mah nyaéta bubuk beureum amorf, bentuk kristal beureum, sarta bentuk kristal kulawu métalik anu disebut sélénium.[2] Bentuk panungtung ieu ngahantarkeun listrik leuwih alus dina cahya tinimbang dina poék sarta dipaké dina photocells.[2] Sélénium kaduruk di udara sarta teu ngaréaksi jeung cai, tapi larut dina asam nitrat medok sarta basa kuat.[2] Sélénium kaasup salah sahiji unsur langka di marcapada, sarta leuwih tinimbang pérak.[rujukan?] Ieu unsur aya dina atmosfer minangka dérivatif métil.[2] Nagara panghasil utama sélénium nyaéta Kanada, Amérika Sarikat, Bolivia, jeung Rusia.[2] Sélénium kabentuk sacara alami di lingkungan atawa balukar tina aktivitas manusa.[2] Taneuh patanian anu sok dibéré pupuk miboga kandungan sélénium kurang leuwih 400 mg/ton ku sabab ieu unsur nyangkaruk dina pupuk fosfat.[2]
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/4/47/SeBlackRed.jpg/320px-SeBlackRed.jpg)