Sultan Maulana Muhammad
From Wikipedia, the free encyclopedia
Maulana Muhammad, Sultan (1585-1590 M) nyaéta pangawasa ka-3 kasultanan Banten, ngaganti bapana, Sultan Maulana Yusuf[1]. Anjeunna diangkat jadi sultan dina waktu umur 9 taun[2]. Para Kadi masrahkeun hak kawalonna ka Mangkubumi. Sabada Maulana Yusuf maot, pangéran Jepara ngarasa leuwih boga hak ti batan Maulana Muhammad, anak ti Maulana Yusuf anu dianggap ngora teuing. Ahirna karajaan Jepara ngajorag Banten, tapi pasukan Jepara bisa diéléhkeun, lantaran meunang bantuan ti para ulama.
ini pahatu lalis, artinya tidak ada artikel lain yang berpaut ke halaman ini. Bantulah menambah pranala ke artikel ini dari artikel yang berhubungan; atau coba peralatan pencari pranala sebagai saran. |
Maulana Muhammad maot dina umur kawilang ngora kénéh (kira-kira 25 taun). Anjeunna ninggalkeun saurang anak lalaki anu ngaranna Abul Mafakhir Mahmud Abdul Kadir anu umurna kakara 5 bulan ti prameswarina (Ratu wanagiri, putri ti Mangkubumi), jeung satuluyna anu bakal ngaganti tahtana. Sabada maot, Maulana Muhammad dibéré gelar Pangéran Séda ing Palémbang atawa Pangéran Séda ing Rana. Anjeunna dimakamkeun dina palataran Masjid Agung Banten.