Stasion Sukabumi

From Wikipedia, the free encyclopedia

Stasion Sukabumimap

Stasion Sukabumi (SI) (Aksara Sunda Baku: ᮞ᮪ᮒᮞᮤᮇᮔ᮪ ᮞᮥᮊᮘᮥᮙᮤ) nyaéta stasion karéta api kelas II anu perenahna di Gunungparang, Cikolé, Sukabumi. Stasion anu luhurna +584 méter ieu mangrupa stasion pangkidulna di Daérah Operasi I Jakarta. Stasion ieu jeung Stasion Cisaat, mangrupa stasion pangluhurna di Daop éta. Stasion ieu dibuka taun 1882.

Fakta Singget Lokasi, Koordinat ...
Stasion Sukabumi

Thumb

Thumb
  • Singgetan: SI
Thumb
Stasion Sukabumi ditempo ti hareup, 2020
LokasiJalan Stasion Sukabumi Barat 2
Gunungparang, Cikolé, Sukabumi, Jawa Kulon,
Indonésia
KoordinatCitakan:Country abbreviation 6.925075°S 106.929587°E / -6.925075; 106.929587
Luhur+584 m
OperatorDaérah Operasi I Jakarta
Letak ti pangkalkm 57+713 lintas Bogor-Bandung-
Banjar-Kutoarjo-Yogyakarta[1]
Jumlah péron2 (hiji péron sisi jeung hiji péron pulau)
Jumlah jalur3 (jalur 2: jalur lurus)
Konstruksi
Gaya arsitékturIndische Empire
Informasi lain
KlasifikasiII[2]
Sejarah
Dibuka1882
Layanan
Pangrango jeung Siliwangi
Fasilitas jeung téknis
Pamesenan tikétSistem tikét online; ngalayanan pamesenan langsung sarta parobahan/pabolayan kaberangkatan di lokét. Aya fasilitas ala bandara mangrupa check-in mandiri pikeun nyitak boarding pass husus kaberangkatan KA jarak jauh/manengah.
Lokasi dina peta
Tutup

Stasion ieu baheulana boga 5 jalur, ngan kiwari ngan 3 jalur anu aktip kénéh. Jalur 1 biasana dipaké pikeun Karéta api Pangrango, jalur 2 minangka jalur lurus biasana dipaké Karéta api Siliwangi, sedangkeun jalur 3 mangrupa jalur simpen. Salian ti éta, stasion ieu baheulana miboga dipo lokomotip jeung pamuter rél/turntable. Dipo lokomotipna geus dibongkar, ngan turntable na nu kiwari aya kénéh.

Kiwari jambatan putarna ogé geus tara dipaké, lantaran PT KAI ayeuna mah ngaoperasikeun lokomotip CC206 minangka lokomotip panganyarna anu boga dua kabin masinis, jadi teu kudu diputer deui posisi lokomotipna. Layanan karéta api di stasion ieu dibuka mulai jam 4 isuk-isuk nepi ka sekitar jam 10 peuting.

Layanan karéta api

Jadwal kereta api

Ieu jadwal kereta api panumpang anu eureun di Stasion Sukabumi per 1 Désémber 2019 (dumasar Gapéka 2019).

Informasi leuwih jero No. KA, KA ...
No. KAKAJurusanKelasNepiIndit
221PangrangoBogor Palédang (PLG)Éksekutip & Ékonomi-05.15
498SiliwangiCiranjang (CRJ)Lokal Ékonomi-05.45
222PangrangoSukabumi (SI) Eksekutif & Ekonomi09.54-
497SiliwangiLokal Ékonomi10.20-
225PangrangoBogor Palédang (PLG)Éksekutip & Ékonomi -10.25
500SiliwangiCiranjang (CRJ)Lokal Ékonomi-10.55
226PangrangoSukabumi (SI) Éksekutip & Ékonomi15.21-
499SiliwangiLokal Ékonomi15.40-
229PangrangoBogor Palédang (PLG)Éksekutip & Ékonomi -15.45
502SiliwangiCiranjang (CRJ)Lokal Ékonomi-16.15
230PangrangoSukabumi (SI) Éksekutip & Ékonomi20.41-
501SiliwangiLokal Ékonomi20.50-
Tutup

Panorama

Thumb
Foto panoramik péron Stasion Sukabumi.

Galéri

Rujukan

Tutumbu luar

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.