![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/1/1c/%2522%252Barya%252B%2522_Jatibarang_Train_Station_%25EA%25A6%25B1%25EA%25A6%25BC%25EA%25A6%25A0%25EA%25A6%25B1%25EA%25A6%25B6%25EA%25A6%25AA%25EA%25A6%25B8%25EA%25A6%25A4%25EA%25A7%2580_%25EA%25A6%2597%25EA%25A6%25A0%25EA%25A6%25B6%25EA%25A6%25A7%25EA%25A6%25AB%25EA%25A6%2581_stasiun_Jatibarang_2019.jpg/640px-%2522%252Barya%252B%2522_Jatibarang_Train_Station_%25EA%25A6%25B1%25EA%25A6%25BC%25EA%25A6%25A0%25EA%25A6%25B1%25EA%25A6%25B6%25EA%25A6%25AA%25EA%25A6%25B8%25EA%25A6%25A4%25EA%25A7%2580_%25EA%25A6%2597%25EA%25A6%25A0%25EA%25A6%25B6%25EA%25A6%25A7%25EA%25A6%25AB%25EA%25A6%2581_stasiun_Jatibarang_2019.jpg&w=640&q=50)
Stasion Jatibarang
stasion karéta api di Indonésia / From Wikipedia, the free encyclopedia
Stasion Jatibarang (JTB) (Aksara Sunda: ᮞ᮪ᮒᮞᮤᮇᮔ᮪ ᮏᮒᮤᮘᮛᮀ, Stasion Jatibarang) (Carakan: ꦱꦼꦠꦱꦶꦪꦸꦤ꧀ꦗꦠꦶꦧꦫꦁ , Setasiun Jatibarang) nyaéta stasion karéta api kelas badag tipeu C anu perenahna di Jatibarang, pasna di Jalan Mayor Sangun (Pasar), hareupeun Pasar Désa Jatibarang. Stasion anu aya dina tingkat kaluhuran +8 méter ieu kaasup ka Daérah Operasi III Cirebon. Stasion ieu mangrupa stasion panggedéna tur pangraména di Kabupatén Indramayu. Stasion ieu miboga lima jalur karéta api kalawan jalur 2 jeung 3 minangka sepur lurus.
Fakta Singget Lokasi, Koordinat ...
Stasion Jatibarang
| |
---|---|
| |
![]() Stasion Jatibarang, Desember 2019 | |
Lokasi | Jalan Mayor Sangun Jatibarang, Jatibarang, Indramayu, Jawa Barat, 45273 Indonésia |
Koordinat | Citakan:Country abbreviation 6.472884°S 108.306262°E / -6.472884; 108.306262 |
Luhur | +8 m |
Operator | Daérah Operasi III Cirebon |
Letak ti pangkal | km 179+120 lintas Jakarta–Jatinegara–Cikampék–Cirebon Prujakan–Prupuk–Purwokerto–Kroya[1] |
Jumlah péron | 5 (hiji péron sisi sarta opat péron pulo anu sarua-rua rada jangkung) |
Jumlah jalur | 5 (jalur 2 jeung 3: sepur lurus) |
Informasi lain | |
Klasifikasi | Badag tipe C[2] |
Layanan | |
Argo Jati (régulér, fakultatif, jeung tambahan), Bima, Sembrani Tambahan (arah Surabaya) Cirebon Éksprés (régulér jeung fakultatif), Tegal Bahari, Gumarang, Ciremai, Fajar Utama YK, Fajar/Senja Utama Cirebon, Singasari, Sawunggalih Tambahan (arah Kutoarjo), Jayakarta Prémium, Tawang Jaya (régulér, tambahan, jeung tambahan prémium, kecuali régulér arah Jakarta), Jayabaya, Jaka Tingkir (arah Jakarta), Menoréh, Kutojaya Utara (régulér jeung tambahan), Matarmaja, Gaya Baru Malam Selatan, Brantas (tambahan arah Jakarta sarta régulér arah Blitar), Kertajaya (régulér jeung tambahan), Bengawan (arah Solo), sarta Tegal Éksprés | |
Fasilitas jeung téknis | |
Pamesenan tikét | Sistem tiket online, ngalayanan pamesenan langsung, sarta pabolayan kaberangkatan di lokét. Aya fasilitas ala bandara mangrupa check-in mandiri pikeun nyitak boarding pass. |
Lokasi dina peta |
Tutup
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/f/f4/Jatibarang_Train_station_in_West_Java%2C_Indonesia.jpg/640px-Jatibarang_Train_station_in_West_Java%2C_Indonesia.jpg)
Baheula stasion ieu miboga pacabangan ka Indramayu jeung Karangampél, ngan kiwari jalur éta geus teu aktip.