From Wikipedia, the free encyclopedia
Karajaan Spanyol (basa Spanyol jeung Galisia: Reino de España, Katalan: Regne d'Espanya, Basque: Espainiako Erresuma) mangrupa hiji nagara di Éropa kidul-kulon nu, bareng jeung Portugal, aya di Samenanjung Ibéria. Wates darat Spanyol jeung Éropa nyaéta Pagunungan Pirenia jeung Perancis sareng Andorra. Wewengkonna ogé diwangun ti kota Ceuta jeung Melilla di Afrika Kalér, Kapuloan Canary di Samudra Atlantik, jeung rupa-rupa pulo di Laut Tengah.
Reino de España Karajaan Spanyol |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Motto "Plus Ultra" (Latin) "Leuwih Tebih" |
||||||
Lagu "Marcha Real" (Spanyol)1 "Mars Karajaan" |
||||||
Lokasi Spanyol (héjo kolot) – di buana Éropa (héjo & kulawu kolot) |
||||||
Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Madrid | |||||
Basa resmi | Basa Spanyol2 | |||||
Basa régional | Basque, Catalan/Valencian, Galicia, jeung Occitan | |||||
Démonim | Spanish, Spaniard | |||||
Pamaréntah | Démokrasi parleménter kahijian jeung Monarki konstitusional | |||||
- | Raja | Juan Carlos I | ||||
- | Perdana Mentri | José Luis Rodríguez Zapatero | ||||
Pangwangunan | abad ka-15 | |||||
- | Kaping tradisional | 569 (pangistrénan Liuvigild) | ||||
- | Dinasti | 1479 | ||||
- | De facto | 1516 | ||||
- | De jure | 1715 | ||||
- | Nagara bangsa | 1812 | ||||
- | Démokrasi konstitusional | 1978 | ||||
Asup ka Uni Éropa |
1 Januari 1986 | |||||
Aréa | ||||||
- | Total | 504.030 km² (ka-51) 195.364 mil² |
||||
- | Cai (%) | 1,04 | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2010 | 46,030,109[1] (ka-27) | ||||
- | Kapadetan | 93 /km² (ka-106) 231 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2011 | |||||
- | Total | $1,395 triliun[2] | ||||
- | Per kapita | $29.830[2] | ||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2011 | |||||
- | Total | $1,484 triliun[2] | ||||
- | Per kapita | $30.693[2] | ||||
Gini? (2005) | 32[3] | |||||
HDI (2010) | 0.863[4] (luhur pisan) (ka-20) | |||||
Mata uang | Euro (€)3 (EUR ) |
|||||
Zona wanci | CET4 (UTC+1) | |||||
- | Usum panas (DST) | CEST5 (UTC+2) | ||||
TLD Internét | .es6 | |||||
Kode telepon | +34 | |||||
1 Salaku Lagu kabangsaan karajaan ogé 2 Di sababaraha komunitas otonom, basa Katalan, Valencia, Galicia, Basque, jeung Aranese (Occitan) mangrupa basa sub-resmi. Aragon, Asturia, jeung Leon miboga sababaraha pangakuan resmi 3 Saméméh 1999 (kalawan hukum, 2002) : Peseta Spanyol. 4 Iwal di Kapuloan Canary, nu ngagunakeun WET (UTC) dina usum tiis. 5 Iwal di Kapuloan Canary, nu ngagunakeun WEST (UTC+1) dina usum panas. 6 Domain .eu ogé dianggo, bareng jeung nagara anggota Uni Éropa nu lian. Ogé domain .cat dianggo di téritori nu maké basa Catalan. |
Téritori Spanyol diwatesan ku Portugal di kulon, sarta Gibraltar jeung Maroko di kidul. Spanyol tepung wates jeung Perancis sareng Andorra di kalér-wétan dina Pagunungan Pirenia. Wates lautna nyaéta Samudra Atlantik di kulon jeung Teluk Biscay di kalér sarta Laut Tengah di wétan, di mana Spanyol miboga wewengkon Kapuloan Balearik. Di kidul, aya Selat Gibraltar. Kota-kota di Spanyol kalawan jumlah padumuk nu panglobana nyaéta Madrid, Barcelona, Valencia, Sevilla, jeung Málaga.
Iklim Spanyol dibagi kana opat bagian:
Spanyol dibagi kana 50 prpvinsi, dikategorikeun dina 17 wewengkon otonomi jeung 2 kota otonom nu miboga otonomi nu lega.
Spanyol diwangun ti 17 wewengkon otonomi (comunidades autónomas) jeung dua kota otonom (ciudades autónomas; Ceuta jeung Melilla).
Karajaan Spanyol dibagi ogé kana 50 propinsi (provincias). Wewengkon otonomi ngategorikeun sababaraha propinsi (Extremadura, contona, diwangun ti dua propinsi: Cáceres jeung Badajoz). Wewengkon otonomi Asturias, Kapuloan Balearik, Cantabria, La Rioja, Navarre, Murcia, jeung Madrid masing-masing diwangun ti hiji propinsi. Tradisionalna, propinsi-propinsi éta dibagi deui kana comarcas.
Aya lima énklave (plazas de soberanía) di laut basisir Afrika: kota Ceuta jeung Melilla diparéntah salaku kota-kota otonom, hiji status nu aya di antara kota jeung wewengkon otonomi; kapuloan Islas Chafarinas, Peñón de Alhucemas, jeung Peñón de Vélez de la Gomera aya dina pamaréntahan langsung Spanyol.
Ceuta jeung Melilla, sanajan resmina sanés mangrupa comarcas, miboga status istiméwa ogé.
Ékonomi Spanyol mangrupa sistem ékonomi campuran nu panggedéna kasalapan di dunya jeung kalima di Éropa dumasar kana GDP. Spanyol ogé mangrupa invéstor nu panggedéna katilu di dunya.[5]. Pariwisata jeung industri mobil minangka salah sahiji widang nu paling dipinunjulkeun ku Spanyol.
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.