![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/4/45/South_Korea-Seoul.svg/langsu-640px-South_Korea-Seoul.svg.png&w=640&q=50)
Seoul
From Wikipedia, the free encyclopedia
Séoul (basa Inggris: /soʊl/; basa Koréa: [sʰʌ.ul] ( dangukeun)) – resmina Kota Istiméwa Séoul – mangrupa ibu kota tur métropolis panggedéna di Koréa Kidul, nu mangrupa jajantung Wewengkon Ibukota Seoul, kaasup sabudeureun métropolis Incheon jeung propinsi Gyeonggi, wewengkon métropolitan kadua panggedéna sadunya kalayan 25.6 yuta urang pangeusi.[5] mangrupa tempat leuwih ti satengahna pangeusi Koréa Kidul kaasup 678,102 warga internasional.[6] Kalayan pangeusi leuwih ti 10 yuta, ieu kota gedé mangrupa largest city proper di OECD.
Seoul 서울시 | ||
---|---|---|
Kota Istiméwa | ||
Kota Istiméwa Seoul 서울특별시 | ||
transkripsi | ||
• Hangul | 서울특별시 | |
• Hanja | 서울特別市 | |
• Romanisasi nu Dirévisi | Seoul Teukbyeolsi | |
• McCune–Reischauer | Sŏul T'ŭkpyŏlsi | |
Gambar:Seoul Montage 2014.jpg | ||
| ||
![]() Peta Koréa Kidul kalayan Seoul nu disorot | ||
Nagara | ![]() | |
Wewengkon | Wewengkon Ibukota Nasional Seoul | |
Distrik | 25
| |
Pamaréntahan | ||
• Tipe | Pamaréntahan Métropolitan Seoul Déwan-Walikota | |
• Walikota | Park Won-soon (NPAD) | |
• Déwan | Déwan Métropolitan Seoul | |
• Perwakilan National - Majlis Nasional | 48 / 300 48 / 246 Daptar
| |
Lega | ||
• Kota Istiméwa | 605,21 km2 (23,367 sq mi) | |
Pangeusi (31 Oktober 2014[2]) | ||
• Kota Istiméwa | 10,117,909 | |
• Kapadetan | 0,00.017/km2 (0,00.043/sq mi) | |
• Métro | 25,620,000 | |
• Démonim | 서울 사람 (Seoul saram), 서울시민 (Seoul-simin), Seoulite | |
• Lentong | Seoul | |
Zona wanci | UTC +09:00 (Korean Time) | |
Manuk | Korean Magpie | |
Kelir | Seoul Red[3] | |
Kembang | Forsythia | |
Aksara | Aksara Seoul (Han River jeung Namsan) | |
Maskot | Haéchi | |
Slogan | “함께 만드는 서울, 함께 누리는 서울” (Literally "Seoul We Create Together, Seoul We Enjoy Together") | |
Lagu | "서울의 빛" ("Cahya Seoul") | |
Tangkal | Ginkgo | |
GDP | US$ 845.9 billion [4] | |
GDP per kapita | US$ 34,355 [4] | |
Ramatloka | seoul.go.kr |
Perenahna di Walungan Han, sajarah Séoul ti mangsa ka tukang kacida panjangna leuwih ti dua rébu taun ti saprak diadegkeun taun 18 SM ku Baékjaé, salah sahiji tina Tilu Karajaan di Koréa. Séoul masih tumuluy jadi ibu kota Koréa nalika Dinasti Joseon. Wewengkon Ibu kota Seoul ngawengku lima Loka Warisan Dunya UNESCO: Karato Changdeok, Bénténg Hwaseong, Kuil Jongmyo, Namhansanseong katut Makam Karajaan Dinasti Joseon.[7] Séoul dikurilingan ku pagunungan, nu pangluhurna mah Gunung Bukhan, taman nasional nu panglobana didatangan per suku pasagina.[8] Cicirén modéren di antarana Munara Seoul N, Wangunan 63 kelir emas, Dongdaemun Design Plaza nu neofuturiskik, Lotte World, taman jejeran jero rohangan panggedéna kadua sadunya,[9] Moonlight Rainbow Fountain, cai mancer sasak pangpanjangna sadunya[10] katut Pulo Ngambang Sevit. Minangka tempat lahirna K-pop katut Korean Wave, Séoul narima leuwih ti 12 yuta turis internasional dina taun 2013,[11] ngajadikeun Séoul minangka kota ka-10 panglobana didatangan sadunya katut ka-6 pangngahasilkeunana dina hal pelesir.[12]
Kiwari, Séoul dianggap minangka hiji kota global nu pinunjul tur ngaronjat, nu dihasilkeun tina hasil ekonomi nu disebut Kaahéngan Walungan Han nu ngarobah tina karuksakan Perang Koréa jadi ékonomi métropolitan panggedéna ka-4 kalayan GDP US$774 miliar[13] dina taun 2012 sanggeus Tokyo, Kota New York katut Los Angeles. Puseur téhnologi dunya nu pinunjul di Gangnam katut Kota Média Digital,[14] Wewengkon Ibu kota Séoul bisa ngagulkeun 15[15] pausahaan Fortune Global 500 saperti Samsung, pausahaan téhnologi panggedéna sadunya, katambah ku LG jeung Hyundai-Kia. Dina taun 2013, GDP per kapita (PPP) ieu kota nu $39,448 bisa dibandingken jeung Perancis katut Finlandia. Réngking kagenep dina Indéks Kota Daya Global sarta kagenep dina Indéks Puseur Finansial Global, ieu métropolis ngadorong pangaruh nu gedé dina urusan global minangka salah sahiji tina lima tuan rumah konférénsi global nu pinunjul.[16] Séoul meunang réngking katujuh dina Sustainable Cities Index, pangluhurna di Asia tur réngking kadua sadunya dina kategori sosial. Ogé mangrupa tuan rumah pembukaan seni panglobana sadunya per mil pasagina.[17]
Séoul mangrupa kota pangkahubungkeunana ku kabel sadunya[17] tur réngking kahiji dina kasiapan téhnologi dumasar kana laporan Kota Kasempetan PwC.[18] Infrastruktur transportasi publikna mangrupa nu pangpadetna sadunya[19] tur karéngking minangka nu panghadéna di Beulahan Bumi Kalér dina Sustainable Cities Index.[20] Dirojong ku karéta gancang KTX katut Subway Seoul, jajaring subway panggedé sadunya,[21] nyayagakeun 4G LTE, WiFi katut DMB dina kandaraan handapeun lemah. Séoul kahubung ku AREX ka Bandara Internasional Incheon, nu meunang pangajén minangka bandara panghadéna salila salapan taun patuturut (2005–2013) sadunya ti Airports Council International.[22] Lotte World Tower, pemcakar langit supertall 556m (1,824 ft) kalayan 123 lantéy, diwangun di Séoul nu jadi pangluhurna dina OECD taun 2015 kalayan galadak observasi katut galeri seni pangluhurna sadunya.[23][24] Its Lotte Cinema houses the world's largest cinema screen.[25]COEX Mall Séoul mangrupa mall pangbalanjaan panggedéna di sahandapeun lemah.[26] Emporis nyababkeun skyline Séoul meunang réngking minangka pangaruh visual pangluhurna kaopat sadunya di antara kota-kota gedé.[27]
Séoul jadi tuan rumah Asian Games 1986, Olimpiade Usum Panas 1988, Piala Dunia FIFA 2002 jeung KTT Seoul G-20 2010. Kota Disain UNESCO, Séoul dingaranan Ibu kota Disain Dunia 2010.