Sela Siliguri (Basa Benggala: শিলিগূড়ি করিডোর) atanapi Beuheung Hayam (Basa Benggala: চিকেন নেক) nyaéta hiji wewengkon hereut nu nyambungkeun nagara-nagara bagian India beulah kalér-wétan ka bagian India lianna, kalawan nagara Nepal jeung Bangladés aya di deukeutna wewengkon sela ieu. Karajaan Bhutan aya di kaléreun Sela Siliguri.

Kota Siliguri di nagara bagian Benggala Kulon mangrupa kota utami di wewengkon ieu. Kota Siliguri téh titik puseur nu ngahubungkeun Bhutan, Nepal, Sikkim, Papasiran Darjeeling, India kalér-wétan, jeung wewengkon India lianna.

Pangajuan

Dina taun 2002, India, Nepal, Bhutan, jeung Bangladés nalungtik kana pangajuan pikeun nyieun hiji wewengkon dagang bébas di aréa Sela Siliguri nu mana bakal ngahubungkeun langsung sadaya 4 nagara éta tanpa larangan-larangan.[1]

Catetan jeung rujukan

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.