From Wikipedia, the free encyclopedia
Sél getih bodas (ogé disebut leukosit atawa sél imun) mangrupa salah sahiji komponén getih nu pancénna mantuan pertahanan awak ngalawan kasakit inféksi jeung bahan asing salaku bagian tina sistim imun. Normalna mah aya kana 4x109 nepi ka 11x109 sél getih bodas dina saléter getih jalma sawawa nu walagri - kira 7000-25000 sél per keclak. Dina kasus leukemia, jumlahna bisa nérékél nepi ka 50000 sél per keclak.
Sakumaha dina getih, sél getih bodas aya ogé dina sistim limfatik, limpa, jeung jaringan lianna.
Aya tilu tipe utama sél getih bodas.
Granulosit mangrupa hiji kategori sél getih bodas nu cirina nyoko kana béda kelir granul dina sitoplasmana nalika diwarnaan sarta ditempo maké mikroskop cahya: neutrofil, basofil, jeung éosinofil (dingaranan dumasar pasipatan pewarnaanana).
Limfosit leuwih ilahar aya dina sistim limfatik, kaasup nu katelah killer T-cells. Dina getih aya tilu tipe limfosit: sél B, sél T, jeung sél NK (natural killer cell). Sél B ngahasilkeun antibodi nu ngabeungkeut patogén nu salajengna diancurkeun. Sél T (helper) CD4+ ngordinir réspon imun (sél ieu nu ruksak dina inféksi HIV téh). Sél T (sitotoksik) CD8+ jeung sél NK bisa maéhan sél awak nu kainféksi ku virus.
Lian ti pancén lianna, monosit babagi pancén 'vacuum cléaner' jeung neutrofil. Monosit némbongkeun popotongan patogén ka sél T antukna patogénna bisa diapalkeun sarta gampang diperuhkeun nalika nyerang deui. Monosit ogé katelah makrofag lamun geus ninggalkeun aliran getih sarta asup kana jaringan.
Tipe | Gambar | Diagram | % dina manusa | Katerangan |
Neutrofil | 50-70% | Neutrofil patali jeung pertahanan awak urang ngalawan inféksi baktéri jeung prosés peradangan leutik lianna sarta biasana ogé nu sok méré tanggapan pangheulana kana inféksi baktéri; aktivitas jeung paéhna neutrofil dina jumlah nu loba nyababkeun ayana nanah. | ||
Éosinofil | 2-5% | Éosinofil utamana patali jeung inféksi parasit sarta ningkatna éosinofil nandaan yén loba parasit. | ||
Basofil | <1% | Basofil utamana tanggung jawab pikeun méré réaksi alérgi jeung antigén ku jalan ngaluarkeun histamin kimia nu nyababkeun peradangan. | ||
Limfosit | 20-40% | Limfosit leuwih ilahar dina sistim limfa. Getih miboga tilu tipe limfosit:
| ||
Monosit | 3-6% | Monosit ngabagi fungsi "pameresih vakum" (fagositosis) tina neutrofil, tapi leuwih jauh hirup sabab miboga tugas tambahan: méré potongan patogén ka sél T antukna éta patogén bisa diapalkeun sarta diperuhkeun, atawa antukna tanggapan antibodi bisa dipaké keur ngajaga. | ||
Makrofag | (tempo di luhur) | Monosit katelah ogé minangka makrofag sanggeus pindah tina aliran getih sarta asup kana jaringan. |
Sistem kardiovaskular - Getih |
Sél getih beureum - Sél getih bodas - Platélét - Plasma getih - Sél stém hémopoiétik pluripoténsial |
Sél getih bodas |
Granulosit (Granulosit Neutrofil, Granulosit éosinofil, Granulosit basofil) - Limfosit - Monosit |
Koagulasi |
Faktor koagulasi: - Fibrin (I) - (Pro)trombin (II) - FV - FVII - FVIII - FIX - FX - FXI - FXII - FXIII - HMWK - vWF - Faktor jaringan |
Inhibitor: Antitrombin - Protéin C - Protéin S - Protéin Z - ZPI - TFPI |
Fibrinolisis: Plasmin - tPA/urokinase - PAI-1/2 - α2-AP - TAFI |
Sistim imun |
Sistim imun humoral - Sistim imun sélular - Sistim limfatik - Limfosit - Antibodi - Antigén (MHC) |
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.