Pestisida nyaéta substansi kimia jeung bahan séjén sarta jasad renik ogé virus anu dipaké pikeun ngadalikeun sagala rupa hama.[1] Anu dimaksud hama di dieu téh pohara legana, nyaéta serangga, tungau, gulma, kasakit tutuwuhan anu disababkeun ku fungi (jamur), bakteria jeung virus, saterusna nematoda (bentukna kawas cacing nu miboga ukuran mikroskopis), kéong, beurit, manuk sarta sato séjén anu dianggap ngarugikeun.[1]

Thumb
nyemprot pestisida

Sifat

Saban péstisida miboga sipat anu béda.[1] Sipat péstisida anu mindeng kapanggih nyaéta daya, toksisitas, rumus empiris, rumus bangun, formulasi, beurat molékul sarta titik didih.[1]

Cara Gawé Pestisida

Péstisida miboga cara gawé anu béda-béda.[1] Aya opat rupa cara gawé péstisida nyaéta nu kahiji péstisida kontak, hartina miboga daya maéhan sanggeus péstisida keuna kana awak hama.[1] Kadua, péstisida fumigan, hartina miboga daya maéhan sanggeus péstisida anu mangrupa uap atawa gas keuna kana awak hama.[1] Katilu, péstisida sistemik, hartina bisa disalurkeun kana sagala rupa bagian awak tutuwuhan ngaliwatan jaringan, hama bakal paéh lamun nyeuseup cairan anu aya dina tutuwuhan.[1] Pamungkas, péstisida lambung, hartina miboga daya maéhan sanggeus péstisida kadahar ku éta hama.[1]

Jenis Péstisida

Dumasar kana fungsi atawa sasaran pamakéanana, péstisida dibédakeun jadi 6 rupa, nyaéta inséktisida, fungisida, bakterisida, rodentisida, nematisida, jeung herbisida.[2]

Referensi

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.