From Wikipedia, the free encyclopedia
Pérsija (singgetan ti Persatuan Sepak Bola Indonésia Jakarta) nyaéta hiji klub maén bal Indonésia anu di daérah Jakarta. Pérsija ayeuna maén di di Liga Super Indonésia.[1] Pérsija didirikeunn 28 Nopémber 1928, cikal bakal ngaranna Voetbalbond Indonesi Jakarta (VIJ). VIJ mangrupa salah sahiji kalompok anu milu ngadegkeun Persatuan maén bal Sakumna Indonésia (PSSI) kalayan wawakil VIJ, Mr. Soekardi dina pembentukan PSSI di Societeit Hadiprojo Yogyakarta, Saptu 19 April 1930. Kalompok ieu meunangkeun perhatian anu gedé ti Gubernur Jakarta, Sutiyoso, anu mangrupa Pembina Persija. Jumplukan nu ngarojongna ngaranna The Jakmania. Ayeuna Persija dipingpin ku Ferry Paulus minangka Pupuhu Pérsija Jakarta.
Ngaran lengkep | Persatuan Sepak Bola Indonesia Jakarta | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
Lalandihan | Macan Kemayoran | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Ngadeg | Citakan:Start date and years ago as Voetbalbond Indonesische Jacatra | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Lapangan | Sumpah Pemuda Stadium | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Kapasitas | 35.000 | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Nu boga | PT. Persija Jaya | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Pupuhu | Ferry Paulus | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Palatih | Rahmad Darmawan | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Liga | Indonesia Super League | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
2023-24 | ke-8 | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Loka raramat | Club home page | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
|
Dina jaman Hindia Walanda, Pérsija ngaran mimitina nyaéta VIJ (Voetbalbond Indonesische Jacatra).[2] Pasca-republik Indonésia balik ka wangun nagara kasatuan, VIJ baganti ngaran jadi Pérsija (Persatuan maén bal Indonésia Jakarta).[2] Dina waktu éta, NIVU (Nederlandsch Indisch Voetbal Unie) minangka organisasi tandingan PSSI masih aya.[2] Di sisi séjén, VBO (Voetbalbond Batavia en Omstreken) minangka bond (perserikatan) tandingan Pérsija ogé masih aya.[2]
sairing kalayan berdaulatna nagara Indonésia, NIVU daék henteu daék kudu bubar.[2] Meureun ieu ogé alatan sacara sosial pulitik geus henteu kondusif (ngarojong).[2] Kaayaan éta ahirna ngarémbét ka anggotana, di antarana nyaéta VBO.[2] Dina pertengahan taun 1951, VBO ngayakeun pasamoan pikeun ngabubarkeun diri (likuidasi) sarta nganjurkeun manéhna pikeun ngagabung jeung Pérsija.[2] Dina perkembanganna, VBO ngagabung ka Persija.[2] Dina turnamén segitiga Bersahabat, gabungan pamaén bangsa Indonésia anu kagabung dina Persija "anyar" éta pahareup-hareup jeung Walanda sarta Tionghoa.[2] Ieu pisan hasilna: Persija (Indonésia) vs Walanda 3-3 (29 Juni 1951), Walanda vs Tionghoa 4-3 (30 Juni 1951), sarta Persija (Indonésia) vs Tionghoa 3-2 (1 Juli 1951).[2] Kabéh pertandingan lumangsung di lapang BVC Merdika Kidul, Jakarta.[2]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.