Purnawarman
From Wikipedia, the free encyclopedia
Purnawarman nyaéta Raja karajaan Hindu Tarumanagara ka-3 (400 - 500) Maséhi.[1] Dumasar kana tujuh prasasti penting titinggal karajaan Tarumanagara ti abad ka lima anu ditulis maké hurup Palawa dina basa Sansakerta.[1] Prasasti kapanggih di tilu tempat : daérah Bogor, Jakarta, Jeung Lebak Banten.[1] Purnawarman kasohor Raja anu jujur, adil tur wijaksana dina ngaheuyeuk karajaan.[1][2] Dina naskah Wangsakerta disebutkeun kakawasaan Raja Purnawarman ngalimpudan 48 Raja-raja daérah anu ngampar ti mimiti Salakanagara taya lian (di daérah, Pandeglang) nepi ka Purwalingga (kiwari Purbalingga) di Jawa Tengah.[3][4]