Podocarpaceae
From Wikipedia, the free encyclopedia
Podocarpacéae nyaéta hiji kulawarga badag ti koniper anu hirup di beulahan Bumi kidul, anu ngawengku 18-19 génus ogé antara 170 nepi ka 200 spésiés tangkal ogé rungkun anu teu weléh daunnan sapaparat taun.[rujukan?] Ieu kulawarga nyaéta anggota klasik ti plora Antartika, anu puseur kaanekaragamanana aya di wewengkon Australasia, utamana Kalédonia Ngora, Tasmania, Selandia Anyar, jeung rada sumebar saeutik ka Malesia ogé Amerika Kidul (utamana di pagunungan Andés).[rujukan?] Sawatara génus saberana sumebar ka kalér khatulistiwa ka Indocina ogé Filipina.[rujukan?] Génus Podocarpus sumebar di kalér anu ambahanana nepi ka kidul Jepang jeung kidul Cina di Asia sarta Méksiko di Amérika, ogé génus Nageia nepi ka kidul Cina jeung kidul India.[rujukan?] Dua génus séjénna sumebar di Afrika sub-Sahara, nyaéta Podocarpus anu sumebarna ngahontal wilayah anu lega ogé Afrocarpus anu éndemik.[rujukan?]
Podocarpaceae | |
---|---|
Daun jeung runjung siki kolot Podocarpus macrophyllus | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | Pinophyta |
Kelas: | Pinopsida |
Ordo: | Pinales |
Kulawarga: | Podocarpaceae Endl. |
Genera | |
Acmopyle |
Parasitaxus usta mangrupa konipér unik alatan inyana mangrupa hiji-hijina konipér parasit.[rujukan?] Inyana aya di Kalédonia Ngora, di éta wewengkon inyana mangrupa parasit anggota Podocarpacéae séjén, Falcatifolium taxoides.[rujukan?]
Génus Phyllocladus, anu dimaksud di dieu digolongkeun minangka Podocarpacéae dumasar kana bukti génétis, ku sawatara urang botanis ditempatkeun kana kulawarga anu misah sorangan Phyllocladaceae.[rujukan?]