Piruruhan
From Wikipedia, the free encyclopedia
Piruruhan nyaéta tempat anu aya digosali dipaké pikeun meuleum beusi maké ruhak areng sangkan leuwih hipu mangsa diolah atawa diteukteuk. Beusi diasupkeun kana piruruhan anu geus dieusi ruhak areng anu ngagebur, areng hurung kalawan mayeng alatan ditiupan ku angin anu kaluar tina ububan/pamuput; lambusan; kiwari bisa waé maké blower listrik pikeun sumber anginna.[1][2]