From Wikipedia, the free encyclopedia
Pirantel atawa nu miboga ngaran dagang Combantrin nyaéta agen antihelmintik atawa anti-cacing, dipaké pikeun pangobatan oral sababaraha inféksi nu disababkeun ku cacing parasit kaasup ascariasis, infeksi cacing tambang, inféksi cacing kremi (enterobiasis) , trichostrongyliasis, jeung trichinellosis .[1][2][3] Bentuk ubar ieu biasana mangrupa sadiaan oral, nyaéta tablet jeung sirup.[4] Pirantel munggaran dideskripsikeun dina taun 1965 ku para panalungtik ti Pfizer nu néangan siklis amidien kalayan sifat farmakokinetik nu saluyu (hususna durasi waksina) pikeun dipaké salaku ubar antihelmintik.[2][5]
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, punten tong waka diédit atawa dirobah eusina. |
|
Artikel ieu masihan informasi dasar dina bidang kesehatan. Informasi dina artikel ieu ngan meunang digunakeun kanggo informasi ilmiah, teu bisa ngaganti diagnosis medis. Perhatosan: Wikipédia lain dokter, sagala informasi anu aya dina ieu énsiklopédi dumasar rujukan anu aya. Saupama anjeun aya keluhan, konsultasikeun jeung tenaga kaséhatan langsung |
Data klinis | |
---|---|
Nama dagang | Pin-X, Combantrin, others |
Kategori kehamilan |
|
Jalur pemberian | by mouth |
Kode ATC | |
Identifiers | |
Nama IUPAC
| |
Nomor CAS | |
PubChem CID | |
ChemSpider | |
UNII | |
KEGG | |
ChEBI | |
ChEMBL | |
ECHA InfoCard | 100.036.143 |
Chemical and physical data | |
Rumus | C11H14N2S |
Massa molar | 206.31 g/mol |
3D model (JSmol) | |
Titik lebur | 178 to 179 °C (352 to 354 °F) |
SMILES
| |
InChI
|
Pirantel gawé kucara ngaleupaskeun asetilkolin, ngahambat kolinesterase, jeung ngarangsang neuron ganglionik, pirantel miboga fungsi salaku agen nu ngahambat neuromuskuler depolarisasi dina cacing. Hal ieu nyababkeun depolarisasi tina membran otot cacing matak nyababkeun kategangan dina otot cacing, nu tuluy ngakibatkeun kalumpuhan jeung sarta ngaleupaskeun iketanna dina dinding usus organisme inang. Tindakan ieu teu saperti piperazine, nu mangrupa agen panghambat neuromoskuler hiperpolarisasi nyababkeun relaksasi otot-otot cacing, nu ngakibatkeun paleupasan satuluyna tina dinding usus, éksrési parasit tina tinja lumangsung ku cara peristaltik normal.[2]
Pirantel dikonsumsi sacara oral. Kalarutan garam pamoate nu goréng nawarkeun kauntungan pikuen nguranganna panyerepan tina saluran pencernaan, jeung ngamungkinkeun ieu ubar pikeun réaksi di usus gedé. Metabolisme pirantel kagolong gancang, ubar nu diserep sabagéan dimetabolisme hati atawa liver.[2]
Cara maké ubar ieu kudu saluyu jeung anjuran dokter atawa apotéker. Pikeun nginum ubar ieu anjeun bisa dipaké maké kadaharan séjénna atawa henteu, bisa ogé diinum maké cai susu atawa jus. Kocok heula suspensi kalayan bener saacan ngukkur dosis, paké séndok ukur, gelas ukur, atawa pipét salaku média pikeun ngukur dosis nu bener. Puasa, obat pencahar, jeung sajenisnya teu bisa moal bisa ningkatkeun gawé ubar pirantel sarta teu nyageurkeun inféksi ieu.[1] Mun anjeun cicing babarengan jeung kulawarga séjén, sakabéh kulawarga kudu dibéré ubar prantel, kusabab cacing kremi bisa gancang jeung babari sumebar ka saha waé nu penrah kontak jeung pasén. Jamban kudu didésinféktan unggal poé, sarta baju, sepré, anduk, baju saré kudu diganti jeung diseuseuh unggal poé.[6][7]
Ieu di handap ngaran lian tina pirantel:[2]
Ieu di handap ngaran lian tina pirantel:[3]
Saacan nginum ubar ieu, perhatikeun heula ngeunaan kaayan kaséhatan anjeun, kayaning:[1][5][6]
Ulah nginum ubar anti-cacing séjén dina waktu nu sarua neung ngonsumsi ppirantel kacuali mun dianjurkeun ku dokter. Ubar séjén nu dipaké pikeun ngubaran inféksi nu disababkeun kku cacing bisa nyababkeun nurunna éféktivitas pirantel. Theophylline (Theo-Dur, Theolair, Theochron, Theo-Bid, Elixophylline,) bisa jadi ngabogaa éfék samping nu bahaya mun dipakésalila pangobatan jeung pirantel, Dokter ogé bisa mingkin bisa ngamonitor kadar teofilin anjeun.[6] Salian ti éta, ngonsumsi pirantel jeung sodium iodide i-123 ogé bahaya [8] jeung sodium iodide i-131.[9]
Ayana panyakit séjén bisa mangaruhan pamakéan ubar ieu. Panyakit kayaning panyakit liver.[10] kurang gizi, anémia. Konsultasikeun heula ka dokter mun miboga riwayat panyakit séjén.[5]
Sababaraha jenis ubar teu bisa dipaké wanci ngadahar kadaharan nu tangtu kusabab bisa nyababkeun ayana iinteraksi ubar, sarta nginum alkohol atawa bako ogé bisa nyababkeun inteaksi lianna.[6]
Éfék samping mangrupa hiji éfék nu teu dipiharep tina ubar. Éfék samping ieu bisa mangrupa-rupa di sababaraha jalma gumantung kana kaayaan panyakit, umur, beurat awak, jinis kelamin, étnis, jeung sababaraha kaayaan kaséhatan lianna. Ieu di handap sababaraha éfék samping nu bisa karasa sanggeus nginum pirantel:[6][7][11]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.