Piagam Jakarta
From Wikipedia, the free encyclopedia
Piagam Jakarta nyaéta hiji rarancang bubuka/Pembukaan Undang-Undang Dasar Negara Republik Indonesia Tahun 1945 (UUD 1945). Ieu rarancang di rumuskeun ku Panitia Sembilan Badan Penyelidikan Usaha-Usaha Persiapan Kemerdekaan (BPUPK)[lower-alpha 1] di Jakarta dina kaping 22 Juni 1945. Piagam Jakarta ieu hakékatna tayalian tulisan déklarasi kamerdékaan Indonésia anu dijerona mibanda manifesto politik, alesan-alesan éksistensi Indonésia, ogé ngandung dasar Nagara Républik Indonésia.
Piagam Jakarta | |
---|---|
Panulis | Panitia Sembilan |
Judul asli | Undang-Undang Dasar Negara Republik Indonesia Tahun 1945, Mukadimah |
Nagara | Indonésia |
Basa | Indonesia (Ejaan Van Ophuijsen) |
Kaping dimedalkeun | 22 Juni 2605 dina Kalénder Jepang (22 Juni 1945 dalam kalender Gregorius) |
Ieu Piagam mibanda lima sila/dasar anu mangrupa bagian tina idéologi Pancasila, tapi ogé dina syaréat kahiji aya kalimah "kawajiban ngalaksanakeun syariat Islam pikeun umatna". Frasa ieu, ogé anu katelah "tujuh kecap", ahirna dicabut tina Pembukaan UUD 1945 dina 18 Agustus 1945 ku Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia, nyaéta hiji badan anu ditugaskeun pikeun nga-sahkeun UUD 1945. Tujuh kecap ieu dileungitkeun ku inisiatip Mohammad Hatta anu lantaran saméméhna, cindekna tadi peuting anjeuna narima béja ti perwira angkatan laut Jepang yén golongan nasionalis ti Indonésia Wétan cenah leuwih milih ngadegkeun nagara sorangan lamun éta tujuh kecap teu dipiceun. Dina taun 1950-an, nalika UUD 1945 ditundaheula, wawakil partéy Islam nungtut supaya Indonésia balik deui ka Piagam Jakarta. Pikeun nohonan kahayang golongan Islam, Presidén Soekarno harita ngémbarkeun dina Dekrit Presiden 5 Juli 1959 (anu mertélakeun balik deuikan kana UUD 1945) yén Piagam Jakarta téh "ngajiwaan" UUD 1945 ogé "mangrupikeun hiji beungkeutan kasatuan jeung konstitusional". Golongan kabangsaan ti wawakil Présidén Sukarno katut Perdana Menteri Djuanda Kartawidjaja negeskeun yén kalimah ieu mung sakadar pangaku kana Piagam Jakarta salaku hiji dokumén historis. Ku kituna, Pancasila jeung Piagam Jakarta nyaéta dua hal anu béda. Alesan robahna sila kahiji Piagam Jakarta sakumaha anu kasebut di luhur nyaéta pikeun kapentingan bangsa jeung nagara anu miboga rupa-rupa suku jeung agama. Parobahan ieu kalimah ngagambarkeun yén masarakat Indonésia nanjeur keun sikep toléransi. Jadina, Parobahan ieu ogé nembongkeun komitmen para (pini sepuh/pendiri bangsa) dina ngawujudkeun persatuan jeung kasatuan.[1]
Piagam Jakarta sakali deui jadi bahan padungdengan salami prosés amandemén undang-undang dasar nalika ayana Réformasi (1999–2002). Partéy-Partéy Islam ngusulkan sangkan "tujuh kecap" ditambahkeun kana Pasal 29 UUD 1945, tayalian pasal anu ngatur ngeunaan kadudukan agama dijero nagara sarta kabébasan ngajalankeun agama. Ngan waé, usulan amendemén ti partéy-partéy Islam teu meunang dukungan anu mayoritas di "Majelis Permusyawaratan Rakyat" (MPR).