From Wikipedia, the free encyclopedia
Peucang (Tragulus javanicus) nyaéta hiji spésiés ungulata kuku jangkep ti kulawarga Tragulidae. Nalika sawawa, gedéna sapantar kelenci, ku kituna kaasup ungulata pangleutikna.[2] Hirupna di leuweung Java, bisa jadi di Bali ogé, najan can kungsi aya anu ngawénéhan.[1]
Peucang | |
---|---|
Peucang di Taman Satwa Yérusalém | |
Status konservasi | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Kelas: | |
Ordo: | Artiodactyla |
Kulawarga: | Tragulidae |
Génus: | Tragulus |
Spésiés: | T. javanicus |
Ngaran binomial | |
Tragulus javanicus (Osbeck, 1765) | |
Ieu sato boga ngaran ilmiah Tragulus javanicus, tapi disebut ogé Tragulus javanica, Cervus javanicus, jeung sinonim hétérotip Tragulus fuscatus.[1][3][4][5]
Hulu peucang bentukna jurutilu, tonggongna bengkung, awakna buleud jucung ka tukang, beuratna 1–2 kg. Cokorna leutik, henteu tandukan, tapi boga sihung salaku pakarang ngalawan pamangsa atawa lawan lianna.[6] Anu bikang teu boga sihung sarta awakna leuwih leutik.[rujukan?] Jangkungna k.l. 30 cm, panjangna 45 cm, kalawan buntut 5 cm. [rujukan?]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.