![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/4/46/Neon_discharge_tube.jpg/640px-Neon_discharge_tube.jpg&w=640&q=50)
Néon
From Wikipedia, the free encyclopedia
Néon nyaéta unsur kimia dina tabél périodik anu miboga simbul Ne jeung nomor atom 10.[1] Néon mangrupa gas mulya kadua anu nyangkaruk di kolom 18 tina tabél périodik.[2] Néon téh unsur kalima anu pang-ngaleuyana di alam samesta.[2] Atom Néon miboga 10 éléktron jeung 10 proton sedengkeun kulit pangluarna miboga 8 éléktron.[2] Ngaran néon asalna tina basa Yunani nyaéta ne nu hartina anyar.[2] Néon mimiti kapanggihanna ku ahli kimia asal Inggris Sir William Ramsay jeung Travers Morris W. dina taun 1898.[2] Nalika maranéhanana manaskeun hawa cair sarta néwak gas anu kaluar tina pamanas hawa cair éta, tuluy kapanggih tilu élemen anyar nyaéta kripton, néon, jeung xenon.[2]
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/4/46/Neon_discharge_tube.jpg/640px-Neon_discharge_tube.jpg)