![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/9/98/Menulis_khat.jpg/640px-Menulis_khat.jpg&w=640&q=50)
Nulis
From Wikipedia, the free encyclopedia
Nulis nyaéta prosés kréatip ngungkarakeun gagasan dina wangun tinulis pikeun hiji tujuan, misalna méré informasi, ngajak, ngayakinkeun atawa ngahibur [1]. Jejer caritaan nu aya dina tulisan disebut gagasan atawa pikiran[1]. Éta gagasan téh dasar pikeun mekarna hiji tulisan[1]. Gagasan dina hiji tulisan bisa rupa-rupa, gumantung kana kahayang penulis[1]. Ngaliwatan tulisanna, penulis bisa ngébréhkeun gagasan, pikiran, pangalaman, kahayang, pendapat, jeung perasaanna[1]. Nulis salaku kaparigelan nyaéta kamampuh hiji jalma dina ngedalkeun gagasan-pikiranna ka batur atawa pihak séjén ngaliwatan média tinulis[1].
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/9/98/Menulis_khat.jpg/640px-Menulis_khat.jpg)