From Wikipedia, the free encyclopedia
Surat Nuh (Basa Arab:نوح, "Nuh") nyaéta surat ka-71 dina Al Qur'an. Surat ieu kaasup surat Makkiyah kawengku 28 ayat, turun sabada surat 16 an-Nahl (ka 70, dumasar turun). Dingaranan surat Nuh karana ieu surat ngiberkeun da'wah, jeung du'a Nabi Nuh a.s ka kaomna.
Eusi pokok ieu surat, di antarana:
إِنَّآ أَرْسَلْنَا نُوحاً إِلَىٰ قَوْمِهِ أَنْ أَنذِرْ قَوْمَكَ مِن قَبْلِ أَن يَأْتِيَهُمْ عَذَابٌ أَلِيمٌ
(1) Saéstuna Kami geus ngutus Nuh ka kaomna, Cig béré pépéling kaom anjeun saméméh datang siksa nu peurih.
قَالَ يٰقَوْمِ إِنِّي لَكُمْ نَذِيرٌ مُّبِينٌ
(2) Pok (Nabi Enoh) ngadawuh: Yeuh kaom kula, kula téh minangka nu méré pépéling nu jelas.
أَنِ ٱعبُدُواْ ٱللَّهَ وَٱتَّقُوهُ وَأَطِيعُونِ
(3) Aranjeun kudu sumembah ka Alloh tur takwa ka Mantena.
يَغْفِرْ لَكُمْ مِّن ذُنُوبِكُمْ وَيُؤَخِّرْكُمْ إِلَىٰ أَجَلٍ مُّسَمًّى إِنَّ أَجَلَ ٱللَّهِ إِذَا جَآءَ لاَ يُؤَخَّرُ لَوْ كُنتُمْ تَعْلَمُونَ
(4) Tinangtu Anjeuna ngahampura dosa aranjeun jeung méré waktu ka aranjeun. Lamun geus cunduk waktuna moal bisa diundurkeun deui mun aranjeun arapal.
Alloh SWT dina ieu surat maparin ka Nabi Muhammad saw iber patali jeung da'wahna Nabi Enoh a.s. tur kumaha mantangul kaomna.[3]
Teu kendat beurang jeung peuting ngajak kaomna kana bebeneran tapi matak handeueul, aningan. Kaomna lolobanaana malah ngajejeléh, ku kituna dinamian anjeunna téh Nuh tina kecap niyahah anu hartina loba ceurik nyeungceurikan kaomna nu teu daék toat ka Alloh, 950 taun da'wah tapi nu aya matak ngenes hasilna, da hidayah mah hak prerogatif Alloh.
Ieu surat jadi pangbeberah ka Nabi Muhammad s.a.w. dina nyanghareupan kaom kafirin Qurésy nu deleka ka Nabi s.a.w jeung umat Islam dina awal-awal nyiarkeun Islam.
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.