From Wikipedia, the free encyclopedia
Surat Al-Jinn (Basa Arab: الجنّ,"Jin") nyaéta surat ka-72 dina Al Qur'an. Surat ieu kaasup surat Makkiyah jeung kawengku 28 ayat. Dingaranan "al-Jinn" nu hartina "Jin" tina kecap "al-Jinn" nu aya dina ayat mimiti ieu surat. Diécéskeun yén aya Jin minangka mahluk goib nu geus ngadangukeun bacaan Al Qur'an tur tumut ajaranna.
Eusi pokok ieu surat, di antarana:
قُلْ أُوحِيَ إِلَيَّ أَنَّهُ ٱسْتَمَعَ نَفَرٌ مِّنَ ٱلْجِنِّ فَقَالُوۤاْ إِنَّا سَمِعْنَا قُرْآناً عَجَباً
(1) Ucapkeun ku anjeun, geus diwahyukeun ka kuring saéstuna sagolongan jin geus ngadéngé pokna: Saéstuna abdi sadaya ngadangu Al Qur'an nu ahéng.
يَهْدِيۤ إِلَى ٱلرُّشْدِ فَآمَنَّا بِهِ وَلَن نُّشرِكَ بِرَبِّنَآ أَحَداً
(2) Ieu (Al Qur'an) nungtun ka jalan nu bener, ku kituna, abdi sadaya iman (ka Alloh) teu aya sisilihan kanggo Mantena.
وَأَنَّهُ تَعَالَىٰ جَدُّ رَبِّنَا مَا ٱتَّخَذَ صَاحِبَةً وَلاَ وَلَداً
(3) Jeung Anjeun nu Maha Luhur, Gusti abdi saya nu teu ngagaduhan istri.
وَأَنَّهُ كَانَ يَقُولُ سَفِيهُنَا عَلَى ٱللَّهِ شَطَطاً
(4) Jeung aya di antara abdi saya nu kurang akalna ngomong ka Alloh nu nyaliwang.
Alloh SWT dina ieu surat maparin ka Nabi Muhammad saw pangaweruh nu patali jeung bangsa jin.[3] Aya sagolongan bangsa jin nu ngadangu Al Qur'an tuluy tumut kana pituduhna.
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.