![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/7/77/Asahi-machi_Naha_Okinawa01s3s4410.jpg/640px-Asahi-machi_Naha_Okinawa01s3s4410.jpg&w=640&q=50)
Naha
From Wikipedia, the free encyclopedia
Naha (那覇市, Naha-shi?, basa Okinawa: Nāfa) nyaéta puseur dayeuh Préféktur Okinawa, Jepang. Di jaman modérn, kota ieu sacara resmi dibentuk tanggal 20 Méi 1921. Saacanna, Kota Naha salila mangabad-abad geus jadi kota anu penting sarta anu pangeusina panglobana di Kapuloan Ryukyu.
Naha 那覇 Nāfa | |||
---|---|---|---|
Kota | |||
Kota Naha (那覇市) | |||
![]() Puseur kota Naha | |||
| |||
![]() Lokasi Naha di Préféktur Okinawa | |||
Negara | Jepang | ||
Wilayah | Kyushu | ||
Prefektur | Okinawa | ||
Pamaréntahan | |||
• Wali kota | Takeshi Onaga (翁長雄志, Takeshi Onaga?) | ||
Lega | |||
• Total | 38,99 km2 (1,505 sq mi) | ||
Pangeusi (31 Désémber 2009) | |||
• Total | 31,7906 | ||
• Kapadetan | 8.153,53/km2 (2,111,750/sq mi) | ||
Zona wanci | UTC+9 (Waktu Standar Jepang) | ||
- Pohon | Garcinia subelliptica (fukugi) | ||
- Bunga pohon | Flamboyan | ||
Nomor telepon | (098) 867-0111 | ||
Alamat | Naha-shi, Izumizaki 1-1-1 900-8585 | ||
Ramatloka | Situs resmi Kota Naha (bahasa Jepang) |
Kota Naha perenahna di basisir kulon bagian kidul Pulo Okinawa anu nyanghareup ka Laut Cina Wétan. Sanajan kitu, Naha ngan boga hiji basisir buatan (Basisir Naminoue) ku lantaran basisir digunakeun pikeun Bandar Udara Naha jeung Palabuan Naha.
Naha mangrupa puseur kagiatan ékonomi, atikan, jeung pamaréntahan Kapuloan Okinawa. Salila abad patengahan jeung awal jaman modérn,[1], Naha mangrupa kota padagangan Karajaan Ryukyu.
Naha mangrupa tujuan wisata anu kasohor di Jepang. Di pasir kuloneun kota, aya Istana Shuri, nyaéta salah sahiji gusuku (sebutan pikeun istana-istana di Kapuloan Ryukyu). Di kaléreun kota anu diwangun deui jadi puseur kota Naha anu anyar, aya toko bébas béa DFS Galleria Okinawa anu lega.