Ménak
From Wikipedia, the free encyclopedia
Ménak nyaéta sebutan pikeun jalma anu pangkatna luhur, anu boga gelar paling handapna Radén di jaman Walanda.[1]
Menak ogé sebutan ka sékésélér Bupati-bupati Sunda anu medal sabada Karajaan Sunda bubar, ieu Bupati-bupati téh lain Raja sanyatana sanajan kitu dina konsép pribumi kalungguhanna disaruakeun jeung Raja.[2] Panggih jeung menak kudu rengkuh, mun pareng keur udud kudu dipiceun, lamun surutu cukup dicekel waé ulah di gegel baé, di mana geus deukeut brek diuk rada ngijing madep ka ménak tawis tanda narima.[2]