Mohammad Natsir
From Wikipedia, the free encyclopedia
Mohammad Natsir (lahir di Alahan Panjang, Lembah Gumanti, Kabupaten Solok, Sumatra Barat, 17 Juli 1908 - tilar dunya di Jakarta, 6 Pébruari 1993 dina umur 84 taun) nyaéta saurang ulama, pulitisi jeung pajoang kamerdékaan Indonésia. Dirina mangrupa pangadeg sakaligus pamingpin partéy pulitik Masyumi, sarta tokoh Islam nu kakoncara di Indonésia. di jero nagri dirina kungsi ngajabat jadi menteri jeung perdana menteri Indonésia, sedeng di ajang internasional kungsi ngajabat jadi présidén Kongrés Muslim Dunia (World Muslim Congress) sarta pupuhu Déwan Masjid Dunia.
Mohammad Natsir | |
---|---|
Perdana Menteri Indonesia ka-Ke-5 | |
Présidén | Soekarno |
Wakil PM | Hamengkubuwana IX |
Saméméhna | Mohammad Hatta Abdoel Halim |
Sanggeusna | Sukiman Wirjosandjojo |
Menteri Penerangan ka-Ke-2 | |
Présidén | Soekarno |
Perdana Mentri | Sutan Syahrir |
Saméméhna | Amir Sjarifuddin |
Sanggeusna | Setiadi |
Présidén | Soekarno |
Perdana Mentri | Mohammad Hatta |
Saméméhna | Sjahbudin Latif |
Sanggeusna | Syafruddin Prawiranegara |
Katerangan lian | |
Gumelar | 17 Juli 1908 Alahan Panjang, Lembah Gumanti, Solok, Sumatra Barat, Hindia Belanda |
Pupus | 6 Pébruari 1993 (yuswa 84) Jakarta, Indonesia |
Kabangsaan | Indonesia |
Partéy pulitik | Masyumi |
Profési | Politikus |
Ageman | Islam |
Natsir lahir jeung digedékeun di Solok, méméh tuluy pindah ka Bandung pikeun nuluykeun ka SMA sarta tuluy neuleuman élmu Islam sacara leuwih jero di paguron luhur. Dirina ancrub kana dunia pulitik dina patengahan taun 1930-an ku ngagabung ka partéy politik nu idiologina Islam. Tanggal 5 Séptémber 1950, dirina diangkat jadi Perdana Menteri Indonésia kalima. Sabada mundur tina jabatanna tanggal 26 April 1951 alatan pasalia paham jeung Présidén Soekarno, dirina beuki vokal nyorakeun pentingna peranan Islam di Indonésia nepi ka ngabalukarkeun dirina dibui ku Soekarno. Sabada dibébaskeun di taun 1966, Natsir terus ngiritik pamaréntahan harita nu geus ganti dipingpin ku Soeharto nepi ka dirina dicekel.
Natsir loba nulis ngeunaan pamikiran Islam. Dirina aktif nulis di majalah-majalah Islam sabada karya tulisna nu munggaran dipedalkeun dina taun 1929; nepi ka tungtung hirupna, Natsir geus nulis kurang leuwih 45 buku sarta ratusan karya tulis séjénna. Dirina nempo yén Islam téh minangka bagéan nu teu kapisahkeun ti budaya Indonésia. Natsir ngaku kuciwa ku peta Soekarno jeung Soeharto kana Islam. Salila hirupna, Natsir meunang tilu gelar doktor honoris causa, hiji ti Libanon jeung dua deui ti Malaysia. Dina tanggal 10 Nopémber 2008, Natsir dinyatakeun minangka Pahlawan Nasional Indonésia, Natsir kawentar minangka menteri nu "teu boga baju alus, bedahanna tatambalan. Dirina dipikatineung minangka menteri nu teu boga imah jeung nolak dibéré hadiah mobil méwah."