From Wikipedia, the free encyclopedia
Menyan nyaét hiji tangkal anu ngahasilkeu bahan pikeun seuseungitan ilaharna ku jalan dibeuleum dina ruhak areng.[1] Menyan dihasilkeun tina tangkal menyan kujalan diturih tangkalna sangkan kaluar geutahna, menyan sok disebut ogé olibanum salaku bahan keur nyieun dupa.[1] Tangkal menyan kagolong keun kana ordo Ebenales tina kulawarga styracaceae sarta genusna styrax. [2] Aya sababaraha jinis tangkal menyan, tapi anu mibanda niléy ékonomi anu luhur ngam opat rupa :
Menyan pang lobama dihasilkeun ti pulo Sumatra, hususna Sumatera kalér ieu geus sababaraha abad ngahaja melak tangkal menyan. [3]
Daérah Palembang ogé dipiwanoh salaku daérah panghasil menyan anu penting, malahan geus ti jaman karajaan Sriwijaya kénéh nalika abad ka 12 menyan jasi salah sahiji komoditas ékspor.[3]
Di provinsi Jambi jeung Riau masih kénéh ngahasilkeun menyan anu dijual dipasar doméstik sanajan jumlahna beuki ngorotan, lantaran tangkalna beuki ngirangan ka silih ku tangkal karét. [3]
Tangkal menyan mimiti diturih tina tangkal panghandapna, jarak tempat turihan kana taneuh kurang leuwih dua méter. [3] Dina turihan mimiti ieu, tilu nepika lima tempat anu paanggang bisa diturih kénca, katuhu, tukang, hareup. [3]
Taun hareupna, turihan dijieun kawas turihan ka hiji jarakna dua méter tina turihan saméméhna. Kitu satuluyna nepika tungtung tangkal anu bisa disadap. [3]
Lamun geus luhur tangkal jeung turihanna, tukang nyadap kudu naék kaluhur maké bantuan tali anu meungkeut awakna jeung tangkal menyan.[3] Ieu tali teu sagawayah, teu bisa maké tali tina tambang plastik alatan leueur, tali anu hadé dijieun tina injuk beunang nga gintir anu katelah (tali polang). [3]
Menyan geus rebuan taun dimangpaatkun salaku
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.