![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/2/21/Euclid.jpg/640px-Euclid.jpg&w=640&q=50)
Matematika
From Wikipedia, the free encyclopedia
Matématika (dina basa Inggris disebut, mathematics atawa math) nyaéta élmu pangaweruh anu museurkeun dirina dina konsép-konsép sarupaning kuantitas, struktur, rohang, katut parobahan, sarta mangrupa widang akademik anu maluruhna. Benjamin Peirce nyebutkeun yén matématika téh "élmu nu ngahasilkeun kacindekan nu diperlukeun".[2] Praktisi matématika séjénna nyebutkeun yén matématika téh élmu ngeunaan pola, sarta matématikawan téh tukang néang atawa nalungtik pola-pola anu aya dina wilangan, rohang, sains, komputer, gambaran abstrak atawa di mana waé ayana.[3][4] Matématikawan ngéksplorasi konsép-konsép éta pikeun ngarumuskeun konjéktur-konjéktur atawa téori-téori anyar sarta mengkuhkeun bener-henteuna ku cara déduksi nu kukuh tina pilihan aksioma tur définisi nu jelas tur cocog.[5]
![]() |
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris. Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun. |
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/2/21/Euclid.jpg/640px-Euclid.jpg)
Ku cara abstraksi jeung nalar logis, matématika kabangun tina prosés ngitung, ngukur, sarta studi bentuk (en:shape) sacara sitematis jeung usikna banda-banda fisis. Pangaweruh tur pamakéan matématika dasar geus lila jadi hal anu inhéren sarta ngahiji dina kahirupan, boh kahirupan saurang atawa kelompok. Prosés nyampurnakeun idé-idé dasar katémbong dina téks-téks matématis nu asalna ti Mesir kuna, Mésopotamia, India kuna, Cina kuna, sarta Yunani kuna. Argumén nu kukuh kasampak dina tulisan Euclid Elements. Matématika terus mekar sanajan rada reup-reupan (en:fitful) nepikeun ka jaman Rénésans dina abad 16, harita inovasi matématika pinanggih jeung timuan-timuan sains, nu nyababkeun panalungtikan jadi ngagancangan, nerus nepikeun ka kiwari.[6]
Kiwari, matématika dipaké di rupa-rupa widang sakuliah dunya, élmu alam, rékayasa, ubar, sarta élmu sosial contona ékonomi. Matématika terapan dina widang-widang kasebut, bisa ngilhamkeun timuan-timuan matématis anyar sarta sakapeung nyababkeun mekarna widang anu anyar pisan. Matématikawan ogé aya nu museurkeun usahana dina matématika murni anu awalna tanpa mikirkeun terapkeuneunana, tapi ka hareupnakeun sok aya waé anu bisa diterapkeun.[7]