Logika
From Wikipedia, the free encyclopedia
Dina basa sapopoé, logika mangrupa tinimbangan nu dipaké pikeun ngahontal hiji kasimpulan/kacindekan tina sakumpulan sangkaan. Nu leuwih formal, logika mangrupa ulikan ngeunaan valid inference, nyaéta prosés ngahontal hiji kasimpulan/kacindekan tina sakumpulan sangkaan kalawan maké cara/jalan nu sistematis tur sohéh. Ceuk kasarna, kasohéhan ngandung harti nalika sakumpulan sangkaan boga ajén bener, mangka kasimpulanana ogé bener.
Di sagigireun éta, logika nyadiakeun rumus/resép pikeun tinimbangan, nyéta kumaha jalma—ogé mahluk pinter séjénna, mesin, jeung sistem—sakuduna méré alesan. Ngan, rumus modél kitu lain mataholang pikeun logika sorangan, tapi leuwih mangrupa larapan. Kumaha jalma sabenerna méré alesan biasana diulik dina widang séjén, kaasup psikologi kognitif.
Sacara tradisional, logika diulik minangka cabang tina filosofi. Mimiti panengah taun 1800-an logika geus umum diulik na matematik, jeung, nu leuwih mutahir, dina élmu komputer. Minangka élmu, logika nalungtik jeung ngagolongkeun struktur pernyataan jeung argumén sarta ngarancang skéma pikeun nyandikeunana. Ku sabab éta cakupan logika bisa lega pisan, kaasup tinimbangan ngeunaan probabiliti jeung kausaliti. Nu ogé diulik na logika nyéta struktur argumén salah jeung paradoks.