![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/f/f7/N95mask.jpg/640px-N95mask.jpg&w=640&q=50)
Masker N95
From Wikipedia, the free encyclopedia
Masker N95 mangrupa alat keur nyalindungan baham jeung irung anu aya saringan partikel luyu jeung standar N95 ti National Institute for Health Occupational Safety and Health (NIOSH) filtrasi hawa Amérika Serikat. Masker N95 bisa nyaring 95 persén partikel anu ngapung dina hawa, tapi teu tahan ku minyak saperti P95. Masker N95 jadi alat pelindung anu umum keur nyaring partikel. [1] Masker N95 ngajaga napas tina partikel anu ngabahayakeun, tapi ku gas jeung uap mah angger bisa tembus. [2]
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/f/f7/N95mask.jpg/640px-N95mask.jpg)
Masker N95 miboga mangpaat anu sarua jeung masker FFP2 ti Uni Éropa jeung masker KN95 ti Cina. Ngan, aya sababaraha bédana dina kriteria keur mastikeun kamampuh (efisiensi filter, agén tés, tingkat aliran hawa jeunh bédana tekenan hawa). [3] [4]
Masker N95 mikabutuh serat tina polimér sintétik anu dipikawanoh salaku nonwoven polipropilén, [5] anu dihasilkeun tina melt blowing keur ngabentuk saringan bagian jero keur nyaring partikel anu ngabahayakeun. [6] Ieu masker bentukna satengah buleud disaluyukeun jeung lekuk irung jeung baham jalma anu geus sawawa. Pamakéan ieu masker kudu bener-bener ketat sangkan euweuh lolongkrang keur asupna hawa. Ieu kaayaan bisa nyababkeun nu maké ieu masker eungap, hareudang jeung teu genah lamun dipaké lila-lila teuing. [7] Salain ti dipaké pikeun pencegahan Covid-19, ieu masker gunana keur nyegah polusi hawa asup ngaliwatan baham atawa irung. [8]
Rupa-rupa panalungtikan ékspérimén geus ngalaporkeun yén masker N95 ngajaga tina sababaraha inféksi atawa kamungkinan nyebarkeun inféksi. Ieu hasil katempo konsisten, nepi ka bisa dipaké ku tanaga médis keur nyalindungan diri tina inféksi pernapasan. Masker bisa ngajagaan diri tina droplét anu leuwih kasar jeung pangiriman aerosol anu leuwih lemes, réspirator N95 leuwih épéktip ngalawan aerosol anu leuwih lemes, panginten langkung saé pikeun nyegah panularan titiran ogé. Analisis-meta studi dina panyadia kasihatan séhat nunjukkeun kakuatan nilai pelindung ngalawan inféksi viral klinis sareng pernapasan pikeun réspirator N95. [9]