Magrib (Basa Arab: مغرب) nyaéta solat kaopat di antara solat lima waktu dina ageman Islam, nu diadegkeun dina wanci surupna sarangéngé. Kecap maghrib mangrupa istilah basa Arab keur wanci surupna sarangéngé; tina akar kecap "ghuroob", "surup"; "disumputkeun" (tapi henteu dilarapkeun pikeun surupna bulan).

Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris.
Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun.
Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
Solat Saum
Zakat Haji
Kota Penting
Mekah Madinah
Yerusalem Kufah
Kajadian
Hijrah Kalénder Islam Idul Fitri
Idul Adha Maulid
Wangunan
Masjid Munara
Mihrob Ka'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'an Hadits Sunnah
Fiqih Fatwa Syari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i

Solat Magrib

Solat Magrib mangrupa salah sahiji tina solat lima waktu nu diadegkeun ku Muslim. Sedengkeun solat lima waktu sorangan, mangrupa salah sahiji tina lima Rukun Islam dina Islam Sunni, atawa salah sahiji tina (sapuluh) Furuu'-ad-diin dina Islam Si'ah. Solat Magrib jumlahna tilu roka'at sarta bacaannana dilapalkeun kalayan sora nu tarik. Nalika indit-inditan, numutkeun sababaraha madhab, solat ieu bisa dijama' jeung Isa, boh dilakukeun dina wanci Magrib (jama' taqdim) atawa dina wanci Isa (jama' ta'khir).

Dina dua golongan Islam, sholat Maghrib aya tilu rokaat wajib (Fardu). Dina Islam Sunni mah, nambahan sholat Sunnah dua rokaat sanggeusna sholat fardu Maghrib téh kacida utamana. Sholat Maghrib ogé mangrupa sholat nu kudu buru-buru dilakonan ku Mulsim alatan pondokna wanci keru sholat.

Wanci sholat Maghrib nuduhkeun ogé wanci keur buka puasa salila bulan suci Romadon.

Kacida pentingna pikeun ngadegkeun solat nalika munggaran wanci solat asup.

Tempo Ogé

  • Solat
  • Subuh (solat fajar)
  • Lohor (solat tengah poé)
  • Asar (solat lingsir panonpoé)
  • Magrib (solat surup panopoé)
  • Isa (solat peuting)

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.