![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/4/49/Panthera_tigris_tigris.jpg/640px-Panthera_tigris_tigris.jpg&w=640&q=50)
Lodaya
From Wikipedia, the free encyclopedia
Lodaya atawa maung lodaya (basa Latin: Panthera tigris; sok aya ogé nu nyebutna maung hungkul) nyaéta mamalia kulawarga Felidae, salah sahiji maung nu asup kana marga Panthera. Sakumaha ilaharna bangsa maung, lodaya téh karnivora.
Lodaya Status konservasi: Kaancam punah | ||||||||||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
![]() | ||||||||||||||
Klasifikasi ilmiah | ||||||||||||||
| ||||||||||||||
Ngaran binomial | ||||||||||||||
Panthera tigris (Linnaeus, 1758) |
- Pikeun kagunaan séjén, tempo Karéta api Lodaya.
Lodaya lolobana hirup di leuweung jeung tatar jukut (nu luyu pikeun nyamuni/kamuflasena). Ti antara sadaya ucing gedé, ukur lodaya jeung jaguar nu bisaan ngojay, sakumaha urang biasa manggihan lodaya keur ngojay di situ atawa wahangan. Lodaya ilaharna moro sorangan, ngamangsa utamana hérbivora sedeng kayaning uncal, mencek, jeung bagong. Sigana ukur manusa nu mangrupa prédator lodaya, nyaéta dina raraga moro jeung pikeun ngarah siritna, nu ceuk sakaol, padahal teu bener, mangrupa afrodisiak. Alatan ruksak habitatna jeung diboro, populasi lodaya beuki nyirorot antukna asup kana daptar spésiés nu kaancam tumpur. Lodaya mangrupa salah sahiji sato nu aya dina punclut ranté dahareun.[1]