![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/0/0a/3.5_Inch_Speaker.jpg/640px-3.5_Inch_Speaker.jpg&w=640&q=50)
Lawong
From Wikipedia, the free encyclopedia
Lawong (Basa Indonésia: pengeras suara, Basa Walanda: luidspreker, Basa Inggris: loud speaker atawa speaker waé) nyaéta parabot pikeun ngabédaskeun soara supaya bisa jauh kadéngéna. Baheula mah lawong téh diperenahkeun dina tungtung tarompét. Lawong anu paling basajan nyaéta dampal leungeun; lamun urang nyalukan jelema nu jauh supaya kadéngéeun, dampal leungeun sok dilawongkeun bari diantelkeun kana sungut; dina radio ogé aya lawongan, nyaéta pikeun narikan soara, anu kasebut lodspéker. Lodspéker nyaéta transduser anu ngarobah sinyal listrik jadi frékuénsi audio (soara) ku cara ngageterkeun komponénna anu ngawangun selaput.
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/0/0a/3.5_Inch_Speaker.jpg/640px-3.5_Inch_Speaker.jpg)
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/8/8c/Lautsprecher_4-wege_2.jpg/640px-Lautsprecher_4-wege_2.jpg)