Transduser nyaéta hiji komponén éléktrik, éléktronik, éléktro-mékanik, éléktromagnetik, fotonik, atawa fotovoltaik nu bisa ngarobah wangun énérgi kana wangun énérgi séjénna. Ku sipatna ieu, transduser dipaké pikeun mindahkeun informasi atawa ngukur, contona sénsor dorong. Dina widang séjén, transduser disebut ogé salaku komponén nu bisa ngonversi sinyal tina hiji bentuk ka bentuk séjén, contona spikeraudio anu ngarobah variasi tegangan listrik jadi sora (énergi akustik).
Éléktromagnet:
Anténeu - ngarobah gelombang éléktromagnet jadi arus listrik atawa sabalikna.
Tabung katoda (CRT) - ngarobah sinyal listrik jadi gambar (cahya)
Lampu fluoresen, bohlam - ngarobah daya listrik jadi cahya
Résistor cahya (LDR) - ngarobah parobahan inténsitas cahya jadi parobahan tahanan
Sél surya, ngarobah cahya nu nyebrot jadi tegangan listrik
Sénsor éfék Hall - ngarobah inténsitas médan magnét kana sinyal listrik
Éléktrokimia:
Méteran pH
Sél bakar
Éléktromékanik (dina sistem kadali disebut ogé aktuator):