From Wikipedia, the free encyclopedia
Kirai; true sago palm; metroxylon nyaéta tangkal nu asalna tina kulawarga Arecaceae (palm).[2] [1][3] Kirai ngahasilkeun tipung aci tina tangkalna, aci tangkal kirai geus loba dimangpaatkeun pikeun rupa-rupa olahan kadaharan sarta geus jadi hiji komoditi nu mibanda niléy ékonomi henteu saeutik.[4][5]
Kirai | |
---|---|
Dapuran tangkal kirai (metroxylon) | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | Plantae |
Kelas: | Liliopsida |
Ordo: | Arecales |
Kulawarga: | Arecaceae |
Génus: | Metroxylon Rottb. |
Spésiés: | Metroxylon sagu Rottb. |
Sinonim | |
Metroxylon rumphii; M. squarrosum Becc. [1] |
Tangkal kirai dina basa Indonésia disebut tangkal sagu, urang Jawa nyebutna ambulung atawa kersulu, di Ambon disebutna lapia.[4] Di Kapuloan Banda, tangkalna disebut romiho, sedengkeun tipungna disebut sangyera. Di Makassar tangkalna disebut rambiya jeung tipungna disebut palehu.[6]
Disawatara nagara: Malaysia nyebutna tangkal rumbia, urang Pilipina nyebutna lumbia atawa lăbi, di Melanau disebut balau, di Burma disebut thagu-bin, di Kamboja jeung Thailand disebut sa-khu, jeung réa-réa deui.[4] [3]
Kirai hirup di daérah nu mibanda iklim tropis baseuh, nyebar nepi ka daérah nu perenahna 700 mdpl.[1] Kalayan suhu 25 – 36° C, hujan dina sa taun 3000 - 3500 mm, tempatna kasorot ku panon poé langsung.[1] Di alam liar tangkal kirai hirup dina taneuh nu mibanda mineral kalawan ph taneuh 4,5 malahan bisa leuwih.[1]
Tangkal kirai loba kapanggih hirup di Papua; Papua new guinea, kapuloan Melanesia, pulo-pulo di Fiji, Solomon, pulo-pulo Bougainvile.[5] Habitat hirupna di sisi susukan, sisi rawa/embel, sarta taneuh nu jemlék, kitu deui di tempat séjén nu kaayaana kurang leuwih 1000 méter luhureun beungeut cai laut (mdpl).[4]
Tangkal kirai mimiti katémbong tangkalna dina umur 45 bulan, bareng jeung lalésotanna palapah daun atawa barangbang.[4] Jangkung tangkalna bisa nepika 10 – 15 méter leuwih kalawan mibanda buleudan tangkal (diaméter) nepika 60 cm, mimiti kembangan dina umur 10~15 taun.[5][7]
Tangkal kirai mikabutuh kana cai nu loba, nu matak kirai mah loba kapanggih hirup di daérah rawa, sisi susukan jeung tempat séjén nu mibanda sumber cai.[4]
Palapah daun kirai panjangna nepika 7 méter, anak daunna panjang 1- 1,5 méter.[7] Daun nu geus kolot dimangpaatkeun pikeun nyieun hateup imah, samak (sok disebut kajang), kanéron, daun ngorana baheula sok dipaké bungkus udud bako gaganti pahpir.[7]
Tangkal kirai kembangan sarta buahan ngan sakali (monocarpic), buahna kesed mun hayang bisa dikonsumsi buahna kudu dikeueuman heula sababaraha poé dina leutak atawa cai laut.[7]
Tangkal kirai hirupna ngadapur (aya sababaraha tangkal dina satempat), henteu mibanda dahan sarta tangkalna katembong leuwih gendut.[8]
Kirai aya dua rupa: kirai nu cucukan tangkalna jeung kirai nu henteu cucukan, kirai nu cucukan ngan hirup di daérah landeuh ‘’(rendah)’’ deukeut ka basisir laut.[8]
Aci kirai beunang ngala mibanda kandungan : 27% Amilosa, 73% amilopektin. Tina contoh aci kirai nu garing ti sababaraha daerah di Indonesa, aci kirai mibanda : 10-17% cai, protein 0,31%, lemak atawa gajih 0,11 - 25 %, karbohidrat 81-88%, piber/serat 1,35%.[1]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.