![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/3/3a/Diospyros_buxifolia.jpg/640px-Diospyros_buxifolia.jpg&w=640&q=50)
Ki merak
From Wikipedia, the free encyclopedia
Ki merak; Leucoxylon buxifolium nyaéta hiji tangkal nu asalna tina kulawarga Ebenaceae.[1][2] Tangkal ki merak pituin ti pulo Jawa, hirup di leuweung jangkung tangkalna bisa nepi ka 18 méter.[3] Ki merak dina basa Yunani leukos “λευκό” hartina bodas, tayalian kai nu dihasilkeun tina tangkal ki merak mibanda kelir bodas sarta teksturna éndah. [3]Hirup dina taneuh nu kaayaana kurang leuwih 900 – 1000 méter luhureun cai laut, buahna mibanda siki nu engkéna bisa dipelakeun deui.[4] Ieu tangkal kapanggih ogé hirup di pulo Sumatra, hususna di Pariaman. [5] Tina kulawarga Ebenaceae aya ogé Diospyros spesies séjén tayalian Maba ebenus ti Maluku (kajoe orang), nu ngabédakeun téh kai nudihasilkeunna mibanda kelir hideung/Ebony.[6]
Fakta Singget Klasifikasi ilmiah ...
Ki Merak | |
---|---|
![]() | |
Diospyros buxifolia | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | Plantae |
Divisi: | Tracheophyta |
Ordo: | Ericales |
Kulawarga: | Ebenaceae |
Génus: | Diospyros |
Spésiés: | Diospyros buxifolia |
Tutup