Kholid bin Walid
From Wikipedia, the free encyclopedia
Kholid bin Walid lengkepna Khālid ibn al-Walīd ibn al-Mughīrah al-Makhzūmī (Basa Arab: خالد بن الوليد بن المغيرة المخزومي; 585–642 M), nyaéta saurang komandan di mangsa pamaréntahan kholifah Abu Bakar jeung Umar bin Khottob.[1] Dina kapamingpinan militérna mah, wewengkon arab pikeun kala munggaranna dina sajarah, dihijikeun dina kasatuan Khulafaur Rasyidin.
Kholid bin Walīd خالد بن الوليد | |
---|---|
Born | 585 M Mekah, Arab, kiwari Arab Saudi |
Died | Méi 642 (umur 57) Hams, Khulafaur Rasyidin, Bilad as-Syam, kiwari Syiria |
Buried | Masjid Kholid bin Walid, Hams, Syiria |
Allegiance | Khulafaur Rasyidin |
Service/ | Tangtara Khulafaur Rasyidin |
Years of service | Juni 632– 638 |
Rank | Panglima perang |
Unit | Pangawal kuda |
Commands held | Panglima perang (632–634) Komandan lapangan (634–638) Komandan Pangawal kuda (634–638) Gubernur militer Irak (633–634) Gubernur Kholkis (637–638) |
Battles/wars | Daptar patempuran |
Kholid bin Walid (Kholid putrana Walid) nyaéta salah saurang ti sélér Qurésy Mekah, ti klan nu mimitina mah nolak kangjeng nabi Muhammad. Méméhna mah manéhna jadi perang nu ngameunangkeun Mekah basa keur Perang Uhud ngalawan kaum Muslim, da harita mah manéhna acan asup Islam. Manéhna asup Islam sarta bajuang jeung Kangjeng Nabi Muhammad sanggeus Pajangjian Hudaébiah sarta ilubiung dina mangpirang-pirang ékspédisi, kayaning Patempuran Mu'tah, nu mangrupa patempuran munggaran antara Romawi jeung Muslim. Kholid bin Walid ngalaporkeun yén ieu patempuran téh pohara hébatna, sahingga sabot keur perang téh aya kana salapan pedangna nu dipotongkeun ku manéhna. Ti harita manéhna meunang wéh jujuluk ‘Saifullah' (Basa Sunda: saépuloh) nu hartina "Pedang Allah". Kholid ngagantikeun Zaid bin Haritsah, tuluy Jafar bin Abi Tholib, tuluy Abdulloh bin Rowahah nu kamaténi. Sapupusna Kangjeng Nabi, Kholid mibanda peran nu penting dina mingpin pasukan Madinah na mangsa kapamingpinan Abu Bakar basa keur perang Riddah, nalukkeun Arab tengah sarta nalukkeun sélér-sélér Arab. Manéhna mikawasa klien Arab Sasaniyah, Karajaan Hiroh, sarta ngéléhkeun pasukan Pérsia Sasaniyah salila panalukanna di Irak (Mésopotamia). Manéhna tuluy dipindahkeun ka wewengkon kulon pikeun nalukkeun Syiria, Romawi sarta nagara klien Arab Ghossaniyah ti Bizantium.
Sanajan Umar bin Khottob ngalaan jabatanana minangka panglima perang, tapi peran Kholid minangka pamingpin pasukan mah masih kénéh éféktif mangsa ngalawan Bizantium na tahap awal Perang Arab-Bizantium.[1] Dina komandona, Damaskus kapikawasa dina taun 634 sarta jadi konci kasuksésan ngalawan pasukan Bizantium dina Patempuran Yarmouk (636),[1] anu nungtun kana panalukkan Bilad al-Sham (Nagri Syam). Taun 638, Kholid udzur tina kadinasan militér.
Kholid geus makalangan sahenteuna dina 200 patempuran, boh patempuran badag boh patemburan leutik, ogé dina duél hiji lawan hiji. Ku kaparigelanna ieu dina dunya pangperangan, Kholid dianggap ku sawatara sarjana minangka salah sahiji jéndral militér pangnyongcolangna dina sajarah.[2][3][4]