Keith Urban
From Wikipedia, the free encyclopedia
Keith Urban ngaran lengkepna Keith Lionel Urban, anu dibabarkeun di Whangarei, North Island, New Zealand ping 26 Oktober 1967 anu dipikawanoh salaku penyanyi country[1].Bapana nyaéta anu boga toko alat musik lokal sapuk pikeun ngayakeun lés gitar sacara gratis[2].Pangajaran dimimitian ku budakna anu ningalikeun bakat alami dina maénkeun instrumén jeung meunangkeun sababaraha kompetisi bakat nalika manéhna masih di sakoala dasar[2]. Urban tumuwuh leuwih nyaman dina panggung tuluy manéhna digawé anu luyu jeung kamapuh nyanyi ogé akting manéhna salaku anggota Westfield Super Juniors, salah sahiji téater lokal[2]. Ti mimiti yuswana genep taun, Urban geus ngajajah dunya musik diajar gitar[1][2].Manéhna diajar téhnik vokal nalika yuswana tujuh taun, meunangkeun kompetisi nyanyi nalika yuswanan dalapan taun[1]. Urban nyaéta salaki artis Nicole Kidman anu nikahna ping 25 Juni 2006,anu saméméhna gagal dina hubungan jeung Niki Taylor ogé saurang dokter Hewan Laura Sigler[1].
Urban tuluy kanyahoan yén manéhna kacanduan obat-obatan[1]. ku lantaran pangrojong ti pamajikanana, manéhna mariksakeun manéh ka panti réhasbilitasi ping 19 Oktober 2006 jeung narima perwatan di tempat éta[1].Tuluy ping 18 Januari 2007 Urban ngabéwarakeun yén manéhna geus leupas tina kecanduan obat-obatan[1].