Karéta api Bangunkarta atawa Karéta api Bangun Karta nyaéta karéta api kelas éksekutip satwa anu ngalayanan rute Stasion Gambir - Stasion Semarang Tawang - Stasion Jombang - Stasion Surabaya Gubeng (asalna nepi ka Jombang).[1] Karéta ieu dioperasiken ku Daop 8 Surabaya.[1]

Informasi leuwih jero Informasi, Operasi ...
Bangunkarta
Thumb
Karéta api Bangunkarta ngaliwat ex JPL 52 Cipinang
Informasi
SistemKaréta api Éksprés
KelasÉksekutip satwa
StatusBeroperasi
LokalDaop 8 Surabaya
Stasion terminusStasion Gambir
Stasion Surabaya Gubeng
Operasi
Dibuka10 Januari 1985
Dipiboga kuPT Kereta api Indonesia
OperatorDaérah Operasi VIII Surabaya
LokomotipCC206
Data téhnis
Lébar sepur1.067 mm
Gancangna operasional50-90 km/jam
Tutup

Sajarah

Karéta ieu mimiti dioperasikeun tanggal 10 Januari 1985 minangka Karéta api Tebu Ireng (Basa Sunda:Tiwu Hideung) kelas ékonomi rute Jakarta-Jombang.[1] Karéta ieu dioperasikeun pikeun ngakomodir santri pasantrén Tebu Ireng sangkan bisa ka Jakarta jeung sabalikna.[1] Ahirna, karéta ieu ditambahan kelas bisnis, tuluy kelasna jadi bisnis-éksekutip.[1] Ti mimiti taun 2001, KA Bangunkarta diganti kelasna jadi éksekutip satwa, kiwari KA Bangunkarta diperpanjang layananna nepi ka Stasion Surabaya Gubeng.[1]

Asal usul ngaran

Kecap Bangunkarta miboga harti rute anu diliwatan ku karéta ieu, nyaéta Surabaya-Jombang-Madiun-Jakarta.[1]

Spésifikasi karéta

  • Lokomotip CC206
  • 7-9 karéta éksekutip satwa (K1)
  • 1 karéta makan (M)
  • 1 karéta pembangkit (P)
  • 1 karéta bahasi aling-aling (B)[1]

Stasion nu dilayanan

Jadwal

Karéta api Bangunkarta diberangkatkeun ti Surabaya Gubeng soré, nepi di Gambir isuk-isuk, diberangkatkeun deui ti Gambir soré, nepi di Surabaya Gubeng isuk-isuk (dijalankeun peuting).[1] Jadwal anu leuwih lengkepna tingali di Wikipédia basa Indonésia

Insidén

  • Dina tanggal 2 Méi 2010, karéta api Bangun Karta nabrak beus Langsung Jaya nopol AD 1528 AF.[2] Diperkirakeun lantaran kalaléian panjaga palintasan.[2] Akibatna, 5 pagawé PT KAI diperiksa ku polisi dina kasus éta.[2]

Tingali ogé

Karéta Api

Rujukan

Tumbu kaluar

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.